:

Jabur 135

1

Puji PANGERAN! Paruji jenengan PANGERAN, eh, maraneh nu jadi abdi-Na,

2

nu araya di gedong PANGERAN, di jero Bait panglinggihan Allah urang.

3

Paruji PANGERAN, ku karana kasaeana-Na, paruji jenengana-Na, ku karana murah manah-Na.

4

Karana PANGERAN geus milih Yakub, milih Israil dijadikeun milik kagungana-Na.

5

Kaula terang, Allah urang teh agung, ngungkulan sakabeh dewa.

6

Mantenna iasa midamel naon bae sakersa-Na, di langit jeung di bumi, di lautan jeung di jero samudra.

7

Mantenna ngadatangkeun mega ti tungtung-tungtung bumi, ngadamel kilat ngabarengan hujan angin, ngabudalkeun angin kaluar ti gudangna.

8

Di Mesir Mantenna maehan sakabeh cikal, anak jalma, anak sato.

9

Di ditu Mantenna ngayakeun mujijat jeung kaahengan, pikeun ngahukum raja saponggawana.

10

Mantenna numpes bangsa-bangsa, maehan raja-rajana anu digjaya:

11

Sihon, raja urang Emor, Og, raja Basan, katut sakabeh raja-raja di Kanaan.

12

Tanah-tanahna dipasihkeun ka umat-Na, dipasihkeun ka Israil.

13

Nun PANGERAN, salamina Gusti baris dimashurkeun yen Gusti teh Allah saban turunan baris aremut ka Gusti.

14

PANGERAN bakal ngabela umat-Na bakal mikawelas abdi-abdi-Na.

15

Dewa bangsa-bangsa dijieunna tina perak jeung emas, bubuatan leungeun jelema.

16

Sungutan tapi teu bisaeun lemek, mataan tapi teu bisaeun neuleu.

17

Ceulian tapi teu bisaeun ngareungeu, sungutna taya napasan.

18

Muga anu nyarieunna jeung anu nyarembahna ge sing jaradi cara arca-arca bubuatanana!

19

Paruji PANGERAN, eh urang Israil! Paruji Mantenna, eh imam-imam Allah!

20

Paruji PANGERAN, eh urang Lewi, paruji Mantenna, eh nu ngabarakti ka Mantenna!

21

Pinuji PANGERAN di Sion, di Yerusalem, panglinggihana-Na. Paruji PANGERAN.

Link: