Jabur 136
Haturkeun nuhun ka PANGERAN, demi kasaeana-Na, asih-Na langgeng.
Haturkeun nuhun ka nu pangagungna ti sakabeh dewa, asih-Na langgeng.
Haturkeun nuhun ka nu pangkawasana ti sakabeh pangeran, asih-Na langgeng.
Ngan Mantenna, nu ngadamel mujijat-mujijat agung, asih-Na langgeng.
Ku kawijaksanaanana Mantenna ngadegkeun langit asih-Na langgeng.
Mantenna ngadegkeun bumi di luhureun cai jero, asih-Na langgeng.
Mantenna ngadamel panonpoe jeung bulan, asih-Na langgeng;
panonpoe geusan ngarajaan beurang, asih-Na langgeng.
bulan jeung bentang-bentang geusan ngaratuan peuting, asih-Na langgeng.
Mantenna maehan cikal-cikal urang Mesir, asih-Na langgeng.
Mantenna nuyun urang Israil budal ti Mesir, asih-Na langgeng;
ku pananganana anu kuat jeung bedas, asih-Na langgeng.
Mantenna meulahkeun Laut Beureum, asih-Na langgeng,
umat-Na dituyun nyorang eta laut, asih-Na langgeng,
sabalikna raja Mesir jeung baladna diteuleumkeun, asih-Na langgeng.
Mantenna mingpin umat-Na nyorang gurun keusik, asih-Na langgeng.
Mantenna maehan raja-raja anu garagah, asih-Na langgeng.
Mantenna maehan raja-raja anu kasohor, asih-Na langgeng,
maehan Sihon, raja urang Emor, asih-Na langgeng,
maehan Og, raja Basan, asih-Na langgeng.
Tanah maranehna ku Mantenna diserenkeun ka umat-Na, asih-Na langgeng,
dipasihkeun ka Israil, abdi Mantenna, asih-Na langgeng.
Mantenna henteu lali waktu urang kasoran, asih-Na langgeng.
Mantenna ngaleupaskeun urang ti musuh, asih-Na langgeng.
Mantenna maparin dahareun ka sakabeh mahluk hirup, asih-Na langgeng.
Haturkeun nuhun ka Allah nu murbeng langit, asih-Na langgeng.