:

Jabur 137

1

Di sisi walungan-walungan Babul, urang dariuk, di dinya urang careurik ari ras inget ka Sion.

2

Di dinya, dina dahan-dahan gandarusa, urang ngait-ngaitkeun kacapi.

3

Ku jalma-jalma anu ngaboyong, urang teh dititah nyanyi jang nyenangkeun maranehna, carekna, "Kami pangnyanyikeun lagu ti Sion."

4

Naha bisa urang nyanyi pikeun PANGERAN di nagri deungeun?

5

Muga kuring sing ulah bisa deui ngacapi, lamun poho ka anjeun, Yerusalem!

6

Mugi kuring sing ulah bisa deui nyanyi, lamun teu inget ka anjeun, lamun poho yen anjeun teh utamaning kasukaan kuring!

7

Nun PANGERAN, sing emut kana kalakuan urang Edom, nalika ngagempur Yerusalem. Sing emut kana sosoakna: "Gempur, ratakeun jeung taneuh!"

8

He Babul, maneh bakal dibinasakeun. Bagja jalma anu engke ngabales ka maneh, anu pinaureun kalakuan-kalakuan maneh ka kami,

9

anu bakal nyokot orok-orok maneh bari seug digebotkeun kana batu cadas.

Link: