Ti Daud. Nun PANGERAN, abdi sumeja unjuk nuhun ka Gusti, saterusing ati, di hareupeun para dewata, abdi sumeja nyanyi muji ka Gusti.
2
Sumeja sujud mayun ka Bait Gusti nu suci, muji jenengan Gusti, ku karana satia asih Gusti, anu parantos nembongkeun, yen jenengan sareng parentah Gusti teh pinunjul.
3
Nalika abdi sasambat, ku Gusti didangu, dikuatkeun ku kakuatan Gusti.
4
Sadaya raja di dunya bakal maruji ka Gusti, nun PANGERAN, margi parantos ngaruping jangji Gusti.
5
Maranehna bakal nganyanyikeun padamelan sareng karosaanana kaagungan Gusti.
6
Gusti teh maha luhur, kacida luhurna, nanging kersa nitenan jalmi nu laip, jalmi nu adigung teu tiasa nyumput ti Gusti.
7
Waktos abdi dikurubut ku pakewuh, tetep aman ku pangjagi Gusti, Gusti ngayonan musuh abdi anu keur ngamuk, ku pangawasa Gusti abdi salamet.
8
Gusti tangtos kersa ngabuktoskeun sadaya jangji. Nun PANGERAN, asih Gusti teh langgeng. Sugri padamelan anu parantos diawitan, mugi disampurnakeun.