:

Jabur 139

1

Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. Nun PANGERAN, Gusti parantos nguji diri abdi sareng uninga ka abdi.

2

Gusti uninga kana sagala rupi anu dilampahkeun ku abdi, ti nu tebih Gusti waspaos kana pipikiran abdi.

3

Boh abdi keur digawe, boh keur reureuh, ku Gusti abdi katingali, sagala tingkah polah abdi kauninga.

4

Malah Gusti uninga kana pisanggemeun abdi memeh ku abdi dikedalkeun.

5

Di mana-mana di sakurilingeun abdi, Gusti aya, kakawasaan Gusti ngaraksa.

6

Kauninga Gusti perkawis abdi pohara jerona, henteu kahontal ku akal.

7

Ka mana abdi tiasa indit nyingkiran Gusti? Ka mana abdi tiasa ngejat ti hadirat Gusti?

8

Ngungsi ka langit, Gusti aya di dinya, nyempod ka alam maot, Gusti aya di dinya.

9

Hiber ka beh ditueun wetan, atanapi matuh di peuntas pangjauhna di kulon,

10

Gusti aya di dinya baris nungtun abdi, Gusti aya di dinya baris nulungan abdi.

11

Upami abdi menta ka poek sina moekan, atanapi menta ka caang sina jadi peuting,

12

poek oge keur Gusti mah henteu poek, wengi oge sami caang sapertos siang. Poek sareng caang keur Gusti mah sami bae.

13

Gusti nu nyipta saban babagian raga abdi, Gusti nu merenahkeun, anu ngawangunna dina kandungan pun biang.

14

Abdi muji sukur ka Gusti, Gusti estu luar biasa sugri damel Gusti ajaib, pikahelokeun; eta abdi terang pisan.

15

Waktos tulang-tulang abdi dirakit, ati-ati diteundeun di jero kandungan pun biang, waktos abdi kalayan rasiah tumuwuh di dinya, Gusti uninga yen abdi aya di dinya.

16

Memeh abdi lahir ku Gusti parantos katingali. Poe-poe pikeun abdi parantos diserat dina kitab Gusti, samemeh eta poe-poe ngawitan.

17

Mamanahan Gusti keur abdi kacida muskilna, nun Allah, kacida seueurna!

18

Upami eta kedah dietang, seueurna sami sareng keusik. Barang lilir, tetep we abdi teh di Gusti keneh.

19

Nun Allah, kacida abdi ngarep-ngarepna supados anu jarahat teh ku Gusti dipaehan! Kacida abdi ngarep-ngarepna supados anu barengis teh undur ti abdi!

20

Maranehna ngagogoreng ka Gusti, ngaromongkeun jahat jenengan Gusti.

21

Kacida abdi ijidna ka jalma-jalma anu ijid ka Gusti! Kacida teu resepna abdi ka jalma-jalma nu ngalawan ka Gusti!

22

Geuleuhna nataku ka nu karitu teh maranehna teh musuh, dianggapna ku abdi.

23

Pariksa diri abdi, rahrah pipikiran abdi, nun Allah, uji, bolekerkeun eusi hate abdi.

24

Kotektak bilih di dinya aya kajahatanana teras tungtun abdi ka jalan nu langgeng.

Link: