:

Jabur 140

1

Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. (140-2) Nun PANGERAN, leupaskeun abdi ti jalma-jalma jahat, tangtayungan ti jalmi-jalmi anu barengis,

2

(140-3) anu haben bae ngareka kajahatan, unggal-unggal dinten nyieun picekcokeun.

3

(140-4) Letahna lir oray matih, omonganana lir peurah oray sinduk.

4

(140-5) Nun PANGERAN, raksa abdi tina kakawasaan jalma-jalma jahat, tangtayungan ti jalmi-jalmi anu barengis anu bade ngajungkelkeun abdi.

5

(140-6) Nu aradigung naheunkeun pitapakna, naheunkeun euradna, sapanjang jalan masangkeun tataheunan, naheunan abdi.

6

(140-7) Kaula unjukan ka PANGERAN: "Gusti teh Allah abdi." Dangukeun panyambat abdi, nun PANGERAN!

7

(140-8) Nun PANGERAN Nu Maha Agung, Jurusalamet abdi nu digjaya, Gusti parantos nangtayungan abdi di medan perang.

8

(140-9) Nun PANGERAN, tong diluluskeun kahayangna anu jarahat teh, reka perdayana sing ulah laksana.

9

(140-10) Musuh-musuh abdi ulah disina unggul, hianatna ka abdi sing malindes ka maranehna sorangan.

10

(140-11) Muga maranehna sing dihujanan ku ruhak marong, sing digebruskeun ka gorowong anu jero, ulah sina kalaluar deui.

11

(140-12) Muga ulah hasil niatna nu maritenah, muga sing carilaka jalma-jalma anu barengis.

12

(140-13) Nun PANGERAN, abdi terang yen Gusti ngabela perkarana jalmi miskin, sareng hak-hakna jalmi walurat.

13

(140-14) Kantenan, nu balener teh bakal muji ka Gusti, maranehna bakal araya di hadirat Gusti.

Link: