:

Jabur 141

1

Jabur Daud. Nun PANGERAN, abdi sasambat ka Gusti, enggal tulungan. Ana abdi sasambat mugi didangu.

2

Tampi paneda abdi lir dupa. Tampi leungeun abdi anu nadah, lir kurban peuting.

3

Nun PANGERAN, tempatkeun pangawal dina sungut abdi, tempatkeun nu kemit dina biwir abdi.

4

Jagi abdi, supados henteu mikahayang kaawonan henteu ngiring kana kajahatan jalmi nu jarahat henteu ngiring kana pestana.

5

Abdi nampi kana hukuman sareng panegorna jalmi sae, sawangsulna teu hayang dihormat ku jalmi jahat, lantaran paneda abdi salamina pikeun ngalawan kalakuanana anu goreng.

6

Upama para pamanggul maranehna parantos ditotogkeun ti luhur karang, nembe karasa ku jalmi-jalmi yen omongan abdi bener.

7

Lir kayu anu dibeulah sarta dicacag lembut, tulang-tulang maranehna bakal ngabarak sisi kuburan.

8

Sawangsulna abdi tetep percaya ka Gusti, nun PANGERAN abdi Nu Maha Agung. Ka Gusti abdi nyalindung, raksa abdi tina ajal!

9

Mugi abdi diraksa tina pitapak musuh, diluputkeun tina eurad jalma jarahat.

10

Muga eta anu jarahat teh beunang ku tataheunanana sorangan, sawangsulna abdi sing lulus.

Link: