:
1 Lagu atikan ti Daud, waktu di jero guha. (142-2) Kaula sasambat ka PANGERAN, menta pitulung, ngajerit ka Mantenna,
2 (142-3) ngucutkeun eusining hate, ngadadarkeun sagala karuwedan.
3 (142-4) Waktu kaula geus meh ngarasa teter, Mantenna mah uningaeun kaula kudu kumaha. Jalan tincakeun kaula ku musuh dipasangan pitapak.
4 (142-5) Waktu ngalirik ka gigir, kaula teu nenjo saha-saha nu pinulungeun, taya saha-saha keur geusan pamuntangan, kaula geus teu aya nu mirosea.
5 (142-6) Nun PANGERAN, abdi jumerit neda pitulung, nya Gusti panyalindungan abdi, mung Gusti anu perlu kanggo hirup abdi.
6 (142-7) Dangukeun panyambat abdi, tulungan, abdi parantos teu sanggup. Salametkeun abdi ti musuh anu langkung unggul batan abdi.
7 (142-8) Bebaskeun abdi tina ieu kasusah, supados Gusti ku abdi dipuji dina pagempungan umat Gusti, ku karana kasaean Gusti ka abdi.