:

Jabur 143

1

Jabur Daud. Nun PANGERAN, dangukeun paneda abdi. Demi kaadilan Gusti, dangukeun panuhun abdi. Demi kasatiaan Gusti, mugi kersa ngawaler ka abdi.

2

Mugi abdi Gusti ulah didoja, margi di payuneun Gusti mah jalmi teh teu aya nu henteu salah.

3

Abdi parantos kaudag ku musuh, parantos kasoran sama sakali. Ku musuh digubragkeun ka jero panjara poek, kaayaan abdi sapertos anu parantos lami maot.

4

Harepan parantos meh seep, kacida baluwengna.

5

Abdi jadi emut ka waktos-waktos anu kalangkung, emut kana sugri padamelan Gusti, karya-karya Gusti dilenyepan.

6

Abdi nadahkeun leungeun, neneda ka Gusti, ngaraos sono ka Gusti, lir tanah garing sono ka cai.

7

Enggal waler, nun PANGERAN, margi abdi parantos seep pangharepan. Mugi ulah nyumputan, bilih abdi ngahiji sareng anu parantos tarurun ka jero kubur.

8

Geuing abdi unggal enjing, sangkan emut kana satia asih Gusti, margi nya ka Gusti abdi percaya. Paneda abdi mumbulna ka Gusti, tuduhkeun jalan anu ku abdi kedah ditempuh.

9

Abdi dongkap seja nyalindung, nun PANGERAN, luputkeun abdi ti musuh.

10

Gusti teh Allah abdi, wulangkeun ka abdi kumaha pangersa Gusti. Sing welas ka abdi, tungtun abdi ka jalan anu aman.

11

Luputkeun abdi, luyu sareng jangji Gusti, nun PANGERAN, salametkeun abdi tina kasesah, demi kasaean Gusti.

12

Demi welas asih Gusti ka abdi, musuh abdi paehan, sakur anu ngagencet ka abdi mugi dibasmi, kitu panuhun ti abdi Gusti.

Link: