Ti Daud. Puji PANGERAN, papayung kaula! Mantenna ngalatih kaula jurit jeung ngajar kaula perang.
2
Mantenna papayung anu bela ka kaula, panyalindungan jeung jurusalamet kaula. Di Mantenna kaula percaya yen aman. Mantenna nundukkeun bangsa-bangsa ka kaula.
3
Nun PANGERAN, naon manusa teh pangna ku Gusti dipirosea? Eta teh mung manusa, ku Gusti bet diperhatoskeun?
4
Manusa teh mung sapertos angin sahius umurna mung sapertos kalangkang ngolepat.
5
Nun PANGERAN, soehkeun langit sing muka, lajeng lungsur, rampa gunung-gunung, tangtos meledug haseupna.
Sodorkeun panangan Gusti ti luhur, abdi rawel, tarik ti jero cai, luputkeun tina genggeman bangsa asing,
8
anu ngomongna tara sabenerna, malah dibawah sumpah ge bohong.
9
Nun Allah, abdi bade ngalagukeun lagu anyar, bade dikawihkeun dipirig kacapi, kanggo Gusti.
10
Gusti maparin kaunggulan ka raja-raja sareng nyalametkeun Daud, abdi Gusti.
11
Uculkeun abdi ti musuh anu barengis luputkeun tina genggeman bangsa asing anu ngomongna tara sabenerna, malah dibawah sumpah ge bohong.
12
Mugia anak-anak lalaki urang dina mangsa ngorana sing saibarat pepelakan, morontod sarta karuat, anak-anak awewe sing saibarat tihang-tihang agung, panghias juru-juru karaton.
13
Mugia leuit-leuit urang parinuh, ku rupa-rupa hasil bumi, domba-domba urang di tegal-tegal aranakanana sing puluhan rebu.
14
Mugia sapi urang baranahan pirang-pirang jeung ulah aya nu kaluron atawa leungit. Mugia di jalan-jalan di nagri urang taya ceurik taya susah.
15
Bagja temen bangsa anu kaayaanana sarupa kitu! Estu bagja bangsa anu Allahna PANGERAN.