:
1 Pamuji ti Daud. Nun Allah, nun Raja, abdi bade ngembarkeun kaagungan Gusti, sareng bade muji sukur sapapaosna.
2 Unggal-unggal dinten bade muji sukur, bade ngamulyakeun Gusti sapapaosna.
3 Agung PANGERAN teh, pohara pinujina, kaagungana-Na henteu katepi ku pangarti.
4 Sugri padamelan Gusti bakal diagung-agung ku unggal turunan, dadamelan Gusti anu rarongkah bakal dimashurkeun ku maranehna.
5 Maranehna bakal nyaritakeun kamulyaan sareng kadaulatan Gusti, sarta abdi bade ngalenyepan dadamelan Gusti anu araheng.
6 Jalmi-jalmi bakal nyaritakeun sugri dadamelan Gusti anu rarongkah, abdi oge sumeja ngembarkeun kaagungan Gusti.
7 Jalmi-jalmi bakal nyaritakeun kasaean Gusti, sareng nganyanyikeun kaadilan Gusti.
8 PANGERAN teh sipat welas sipat hampura, tara gancang bendu, sarta jembar asih.
9 Mantenna sae ka unggal jalma, sarta mikawelas ka saniskara dadamelana-Na.
10 Sadaya mahluk Gusti bakal ngamulyakeun, nun PANGERAN, sarta umat Gusti bakal maruji sukur ka Gusti,
11 maranehna bakal nyaritakeun kamulyaan karajaan Gusti, sareng nyaritakeun karongkahan Gusti,
12 dugi tiap jalmi terang kana dadamelan Gusti nu rarongkah, sareng kana kamulyaan kadaulatan karajaan Gusti.
13 Pamarentahan Gusti langgeng Gusti jadi raja sapapaosna. PANGERAN satia kana saniskara jangji-Na, tur mikawelas ka saniskara dadamelana-Na.
14 PANGERAN nulungan sakur anu kasusahan, sarta ngahudangkeun anu lalabuh.
15 Sakumna mahluk hirup ngarep-ngarep ka Gusti, sarta dina waktosna ku Gusti dipaparin tedaeun;
16 Gusti maparin sacekapna, sareng nyumponan kabutuh sakumna mahluk.
17 PANGERAN adil dina sagala tindakana-Na dina sagala damelna dibarengan ku kawelasan.
18 Mantenna deukeut ka sakur anu sasambat ka anu sasambatna ka Mantenna enya-enya.
19 Mantenna nyumponan kabutuh jalma anu ngahormat, kersa ngadangu sarta nyalametkeun sakur nu jumerit ka Mantenna.
20 Mantenna ngaraksa ka sakur nu micinta salira-Na, sabalikna nu jahat mah ku Mantenna dibasmi.
21 Kaula moal kendat muji ngagungkeun PANGERAN, sing sakur nu kumelip masing ngamulyakeun kana jenengana-Na nu suci, sapapanjangna.