:

Jabur 146

1

Puji PANGERAN! Puji PANGERAN, he nyawa.

2

Kaula seja muji ka Mantenna saumur hirup, mo petot-petot pupujian ka Allah kaula sapanjang gumelar.

3

Ulah ngaharep ka para pamingpin nu sipat manusa, da moal bisaeun nyalametkeun.

4

Jalma mah ari geus paraeh jaradi deui lebu, sagala pamaksudanana ge harita musna.

5

Jamuga jalma anu boga Allahna Yakub anu baris nulungan anu muntangna ka PANGERAN, nu jadi Allahna,

6

nu ngadamel langit jeung bumi, laut katut saeusina, sabab Mantenna tetep satia kana jangji-Na.

7

Mantenna ngabela hak jalma-jalma anu dikaniaya, maparin dahareun ka jalma nu lapar. PANGERAN ngabebaskeun para sakitan,

8

ngabeuntakeun anu lalolong, ngahudangkeun anu lalabuh, miasih ka jalma nu jujur.

9

PANGERAN rumaksa ka nu ngumbara, di nagri urang, nulungan ka randa-randa jeung para pahatu, sabalikna rarancang jalma jahat mah ku Mantenna disina gagal.

10

PANGERAN jumeneng Raja salalanggengna, eh Sion! Allah anjeun baris marentah salalanggengna. Puji PANGERAN!

Link: