:

Jabur 147

1

Puji PANGERAN! Sabab muji ka Allah teh hade, muji ka Mantenna teh estu bener tur matak resep.

2

PANGERAN ngadegkeun deui Yerusalem, mulangkeun urang ti pangbuangan.

3

Hate nu ancur ku Mantenna disina cageur, raheut-raheutna dibeberan.

4

Bentang-bentang ku Mantenna dipasti jumlahna, sarta masing-masing dipaparinan ngaran.

5

Gusti urang teh hebat jeung agung kabijaksanaana-Na teu aya wates-wangenna.

6

Kaom lemah ku Mantenna dicengkatkeun, sabalikna nu jahat mah ku Mantenna diidek dina taneuh.

7

Sanggakeun kidung pamuji ka PANGERAN, tabeuh kacapi pikeun Allah urang.

8

Mantenna nyebarkeun mega di awang-awang, ngayakeun hujan keur nyiraman bumi, melakan pasir-pasir ku jujukutan,

9

Mantenna maparin parab ka sasatoan, maraban anak gagak anu disarada marenta.

10

Karesep PANGERAN lain kuda nu baredas, lain prajurit nu gagah wani;

11

karesep-Na teh nya eta anu hormat ka Mantenna, anu ngaharep kana satia asih-Na.

12

Puji PANGERAN, he Yerusalem! Puji Allah maneh, he Sion!

13

Sabab Mantenna geus nohagakeun panto gapura maneh, ngaberkahan rahayat maneh.

14

Mantenna ngajadikeun daerah maneh aman jeung kerta, sarta nyukup ka maneh ku gandum anu pangalusna.

15

Mantenna maparin parentah ka bumi, sarta naon bae sapangandikana gancang ngajadi.

16

Mantenna ngamparkeun salju lir simbut, nyebarkeun halimun anu kawas lebu.

17

Mantenna nurunkeun hujan es lir batu karikil, taya nu kuat nangankeun tirisna!

18

Sarta ku parentah-Na keneh eta es teh leyur, Mantenna niup angin, cor cai ngalocor.

19

Mantenna maparin amanat ka umat-Na, maparinkeun parentah jeung hukum-Na ka Israil.

20

Bangsa-bangsa sejen taya anu dipaparinan saperti kitu, maranehna mah teu nyarahoeun kana hukum-hukum Mantenna. Puji PANGERAN!

Link: