:

Jabur 148

1

Puji PANGERAN! Puji PANGERAN ti sawarga, ku aranjeun, nu araya di tempat luhur.

2

Puji Mantenna, he para malaikat-Na, puji, he wadyabalad sawarga.

3

Puji Mantenna, he bulan jeung panonpoe, puji, he bentang-bentang anu baranang!

4

Puji Mantenna, he langit satungkebing langit, puji, he sagala cai di luhur langit.

5

Puji jenengan PANGERAN ku sakabeh, sabab sakabehna ge dijadikeunana ku pangandika-Na.

6

Nya ku pangandika-Na sakabehna langgeng merenah satempatna-satempatna, taya nu bisa ngalawan.

7

Puji PANGERAN, he pangeusi bumi, he mahluk-mahluk raksasa pangeusi laut-laut jeung sagara-sagara;

8

he kilat jeung hujan es, salju jeung mega, jeung angin topan anu nurut kana parentah-Na.

9

Puji Mantenna, he gunung-gunung jeung pasir-pasir, he tangkal bubuahan jeung leuweung-leuweung,

10

sato-sato leuweung jeung sato-sato ingu, sato-sato nu ngarayap jeung manuk-manuk.

11

Puji Mantenna, he para raja katut bangsa-bangsa, para pangeran jeung para pangereh lianna,

12

para perjaka jeung para mojang, nu karolot kitu deui barudak.

13

Kabeh kudu muji jenengan PANGERAN! Sabab jenengan Mantenna leuwih agung ti sakabeh, kaagungana-Na luhureun bumi jeung langit.

14

Mantenna geus nguatkeun bangsa salira-Na, nepi ka Mantenna dipuji ku sakabeh umat-Na, nya eta bangsa Israil, anu kacida diasih ku Mantenna. Puji PANGERAN!

Link: