:
1 Jabur Daud. Nun PANGERAN, sebatkeun yen abdi teu salah, reh abdi teh migawe nu bener gembleng ngaharep ka Gusti.
2 Mangga ku Gusti uji, mangga cobi, nun PANGERAN, pariksa kahayang sareng pipikiran abdi.
3 Satia asih Gusti nungtun ka abdi, kasatiaan Gusti salamina mingpin abdi.
4 Abdi tara babaturan sareng tukang tipu, tara campur sareng tukang munapek.
5 Abdi cua ka para durjana, narah ngahiji sareng penjahat.
6 Pikeun nawiskeun teu lepat, abdi kukumbah leungeun teras ngabakti ngurilingan altar Gusti, nun PANGERAN.
7 Abdi nyanggakeun pupujian pangucap sukur, sareng nyanggemkeun padamelan Gusti nu araheng.
8 Nun PANGERAN, abdi nyaah ka gedong Gusti, panglinggihan Gusti anu pinuh ku kamulyaan.
9 Abdi ulah dipaehan bareng sareng nu daroraka, ulah disanasibkeun sareng tukang-tukang maehan,
10 anu lampahna ngan jahat bae, anu daraek bae nampa panyogok.
11 Dupi hirup abdi mah jujur, Gusti sing hawatos, abdi luputkeun.
12 Kaula muji sukur ka PANGERAN di jero kumpulan umat-Na, rehna kaula geus aman tina sagala bahaya.