Jabur Daud. PANGERAN teh cahaya jeung kasalametan kaula, kaula teu sieun ku saha-saha. PANGERAN ngaraksa tina sagala bahla, kaula taya karisi.
2
Lamun nu jarahat narajang ka kaula, rek maehan, tangtu tisusut terus ngajungkel.
3
Najan dikepung ku sakumna balad kaula moal rentag; najan musuh nyerang narajang, kaula tagen ngandel ka Allah.
4
Kaula geus menta hiji hal ka PANGERAN, ngan sarupa kahayang teh, nya eta hirup saumur-umur di gedong PANGERAN hayang ngarasakeun kasaean Mantenna, sarta bisa nanyakeun pituduh-Na.
5
Dina waktu keur pakewuh, tangtu ku Mantenna diauban, sangkan tetep aman di jero Bait-Na, sarta diangkat ka gunung karang anu luhur.
6
Kaula jadi bisa ngelehkeun musuh anu ngepung. Bari surak, kaula arek ngurban di Bait-Na, sarta rek nyanyi, muji PANGERAN.
7
Dangukeun panyambat abdi, nun PANGERAN! Sing hawatos, mugi kersa ngawaler!
8
Upami saur Gusti, "Hiap ngabakti ka Kami," wangsul abdi tangtos, "Mangga, nun PANGERAN."
9
Gusti ulah nyumput ti abdi! Gusti ulah ngabenduan, abdi ulah dugi ka ditolak. Gusti parantos nulung ka abdi, mugi ulah ngantunkeun, ulah nundung, nun Allah, jurusalamet abdi.
10
Najan upami ku indung bapa ditundung, ku PANGERAN mah tangtu dipulasara.
11
Saurkeun, nun PANGERAN, kahoyong Gusti abdi kedah kumaha, tungtun abdi nyorang jalan anu pisalameteun, margi abdi teh seueur musuh.
12
Abdi ulah diselehkeun ka musuh, anu nyerang ku jalan ngagogoreng sareng ku ancaman-ancaman.
13
Kaula yakin yen bakal aya keneh umur, bakal ngarasakeun kaasih PANGERAN dina hirup ayeuna.
14
Sing percaya ka PANGERAN, masing teger, masing pangger, sing percaya ka PANGERAN!