Jabur 33
He jalma-jalma saleh, geura surak, ciri bungah ku padamelan PANGERAN. He nu narurut ka Mantenna, puji Mantenna.
Kudu sukur ka PANGERAN make kacapi, pek nyaranyi keur Mantenna, make tatabeuhan kawat.
Pujikeun lagu anyar, keur Mantenna, sing pinter ngacapina, pirig ku surak gumbira.
Sabda PANGERAN teh saestu, sugri nu dipidamel-Na taya kuciwana.
PANGERAN cinta kajujuran jeung kaadilan, dunya pinuh ku murah asih-Na.
PANGERAN ngajadikeun langit ku pangandika-Na, panonpoe, bulan, bentang-bentang, jadina ku dawuhana-Na.
Laut-laut ku Mantenna dihijikeun, disatempatkeun samudra ditahan sina ngabendung.
Bakti PANGERAN, he jagat sakuliahna! Hormat Mantenna, he pangeusi dunya!
Waktu Mantenna ngandika, jleg dunya ngajadi; ku parentah Mantenna, jleg saniskara ngabukti.
PANGERAN ngagagalkeun tarekah bangsa-bangsa, pakarepan maranehna kabeh jadi gaplah.
Ari tarekah PANGERAN mah tetep langgeng, tujuana-Na tetep sapanjang jaman.
Bagja bangsa nu migusti ka Allah PANGERAN, bagja jalma anu ku Mantenna dijieun umat-Na.
PANGERAN ngawaskeun ti sawarga, nitenan sakumna umat manusa.
Ti tahta-Na, Mantenna neuteup nelek-nelek ka sakur nu kumelip di bumi.
Mantenna nu ngukir hate manusa, uninga ka sugri paripolahna.
Unggulna raja lain ku sabab kuat baladna, unggulna prajurit lain dumeh bedas tanagana.
Kuda perang moal matak unggul perang, najan gede tanagana, moal matak nyalametkeun.
PANGERAN nitenan ka nu nurut ka Mantenna, ka nu ngaharep kana satia asih-Na.
Maranehna tangtu diraksa tina baya pati, diraksa jeung dihirupan mangsa kalaparan.
Urang kudu ngaharep ka PANGERAN; Mantenna teh panyalindungan jeung panulung urang.
Urang bungah ku karana Mantenna, sarta percaya kana jenengana-Na nu suci.
Nun PANGERAN, sarengan abdi sadaya ku satia asih Gusti, margi mung ka Gusti abdi-abdi nya muntang.