:

Jabur 6

1

Pikeun pamingpin biduan. Dipirig ku kacapi. Nurutkeun lagu nu kadalapan. Jabur Daud. (6-2) Nun PANGERAN, sanaos Gusti bendu, ulah dugi neunggeul ka abdi! Sanaos Gusti wera, abdi ulah disiksa.

2

(6-3) Sing welas, nun Gusti, abdi parantos seep tanaga, parantos lungse, paparin kakuatan,

3

(6-4) awak sakujur karaos ajur. Nun PANGERAN, lami keneh bade ngantep ka abdi teh?

4

(6-5) Sumping atuh, salametkeun abdi, nun PANGERAN, jait abdi tina baya pati, ku karana piwelas Gusti.

5

(6-6) Di alam kubur mah Gusti moal dipikaemut di ditu mah moal aya anu muji ka Gusti.

6

(6-7) Abdi lungse balas rupek nya hate, unggal wengi ceurik balilihan, cipanon maseuhan bantal.

7

(6-8) Abdi meh teu tiasa ningal, panon carindul balas ceurik, nya musuh lantaranana.

8

(6-9) Nyingkah sing jauh, he para durjana! Sabab PANGERAN ngadangueun ceurik kami,

9

(6-10) ngadangueun panyambat kami menta tulung, paneda kami baris ditarima.

10

(6-11) Musuh kami bakal ngarasa getirna kaera dumeh eleh, ngadadak jadi baringung tuluy kalabur.

Link: