Tangis Daud ku karana Kus, urang Binyamin; dinyanyikeun ka PANGERAN. (7-2) Nun PANGERAN, Allah abdi, abdi nyuhunkeun diraksa, luputkeun, salametkeun, leupaskeun ti nu ngudag-ngudag.
2
(7-3) Ulah dugi ka maranehna lir singa ngagusur abdi, sarta abdi henteu aya nu nulungan, tangtos abdi disasaak.
3
(7-4) Nun PANGERAN, Allah abdi, upami abdi jahat upami kantos nipu babaturan upami kejem ka musuh tanpa lantaran, upami kantos ngalampahkeun anu sarupi kitu,
4
(7-5) (7:3)
5
(7-6) sawios musuh sina nguber-nguber sarta abdi kacerek, sawios abdi sina ditigas, dipaehan, mayit abdi diantep ngalumbuk dina taneuh.
6
(7-7) Gedurkeun amarah, nun PANGERAN! Musuh abdi anu ngamuk teh ayonan enggal singkil, abdi belaan, apan Gusti meredih kaadilan.
7
(7-8) Kempelkeun bangsa-bangsa sina ngariung ka Gusti, kawasaan ku Gusti ti sawarga.
8
(7-9) Gusti ngahakiman umat manusa, abdi nyuhunkeun kaadilan, nun PANGERAN; Gusti uninga yen abdi teu salah.
9
(7-10) Gusti teh Allah nu adil, anu nilik pikiran jeung karep manusa. Eureunkeun kagorengan jalma jahat, ganjar jalmi anu balener.
10
(7-11) Allah teh panyalindungan kaula, anu nyalametkeun jalma nu nurut ka Mantenna.
11
(7-12) Allah teh Hakim nu adil, anu salawasna ngahukum jelema jahat.
12
(7-13) Lamun maranehna teu daraek tobat, Allah baris ngasah pedang-Na. Mantenna ngawengkang gondewa tinggal ngalepas,
13
(7-14) nyepeng pakarang nu matih ngecengkeun panah nu hurung.
14
(7-15) Titenan, kumaha si jahat ngulik kajahatan, ngararancang huru-hara, ngajalankeun tipu daya.
15
(7-16) Tapi pitapak beunangna masang keur batur keunana ka maranehna sorangan.
16
(7-17) Kajuliganana malindes kana dirina, cilaka ku katelengesanana sorangan.
17
(7-18) Kaula muji sukur reh PANGERAN teh adil, kaula ngamulyakeun jenengana-Na Nu Maha Agung.