:

Jabur 8

1

Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu Gitit. Jabur Daud. (8-2) Nun PANGERAN, Gusti abdi sadaya, kaagungan Gusti tembong di sakuliah jagat! Kamulyaan Gusti maratan langit;

2

(8-3) dinyanyikeun ku barudak sareng orok. Gusti reugreug, aman ti sadaya musuh, sing sakur anu ngalawan ku Gusti dibungkem.

3

(8-4) Ana abdi narawang langit, damelan Gusti, bulan sareng bentang-bentang kenging Gusti merenahkeun,

4

(8-5) manusa teh naon, ku Gusti dugi ka dipikaemut; naon manusa teh, ku Gusti dugi ka dipirosea?

5

(8-6) Dipidamelna ku Gusti meh nyaruaan Gusti ku manten, dimakutaan ku kamulyaan sareng kahormatan,

6

(8-7) sina murba ka sugri dadamelan Gusti, sina marentah sadaya mahluk;

7

(8-8) domba sareng sapi, katut sasatoan pangeusi leuweung,

8

(8-9) manuk-manuk sareng lauk sareng saniskanten mahluk di laut.

9

(8-10) Nun PANGERAN, Gusti abdi sadaya, kaagungan Gusti tembong di sakuliah jagat!

Link: