:

Jabur 83

1

Lagu. Jabur Asap. (83-2) Nun Allah, mugi ulah tiis-tiis galih, raos-raos mindel sareng antepan.

2

(83-3) Tingali, musuh teh motah, anu careuceub ka Gusti teh barontak,

3

(83-4) parantos ngatur siasat, niat ngalawan ka umat Gusti, sakait bade ngarurug umat asuhan Gusti.

4

(83-5) Maranehna susumbar, "Bangsa Israil urang tumpes sina tong kainget-inget deui."

5

(83-6) Maranehna parantos sauyunan, parantos ngahiji bade ngalawan ka Gusti.

6

(83-7) Urang Edom sareng urang Ismail, urang Moab sareng urang Hajar,

7

(83-8) urang Gebal, urang Amon, sareng urang Amalek, urang Pelisti sareng urang Tirus,

8

(83-9) malah urang Asur ge ngahiji ka dinya, ngabantu urang Amon sareng urang Moab, turunan Elut.

9

(83-10) Samikeun nasib maranehna sareng urang Midian, sareng Sisera sareng Yabin di Walungan Kison tea,

10

(83-11) anu ku Gusti parantos dicaremkeun di Endor, mayit-mayitna baruruk jadi taneuh.

11

(83-12) Para pamingpinna damel sapertos ka Oreb sareng Seeb, para pangerehna elehkeun sapertos Sebah sareng Salmuna,

12

(83-13) nu susumbar kieu tea, "Tanah Allah urang rampas!"

13

(83-14) Nun Allah, awut-awut maranehna sina mancawura sapertos lebu, lir huut katebak angin.

14

(83-15) Gusti sing sapertos seuneu ngahuru leuweung, ngagegedag ngaduruk gunung.

15

(83-16) Kebutkeun maranehna ku angin ribut ti Gusti, reuwaskeun maranehna ku angin rongkah kagungan Gusti.

16

(83-17) Popokan beungeut maranehanana ku wiwirang, nun PANGERAN, sina ngaraku kana kakawasaan Gusti.

17

(83-18) Sina wirang, sina teu eureun-eureun tagiwur, sina paraeh dina kahinaan.

18

(83-19) Supados maranehna ngarasa, yen mung Gusti nu jumeneng PANGERAN, anu murbeng sakuliah jagat.

Link: