Jabur 94
Nun PANGERAN, Gusti teh Allah nu nyepeng wawales. Tembongkeun wawales ti Gusti!
Gusti teh hakim sakumna manusa, bales jalmi nu sarombong teh masing satimpal!
Sabaraha lamina deui nu daroraka senang-senang? Sabaraha lamina deui, nun PANGERAN?
Sabaraha lamina deui nu jarahat sarombong, aragul ku kajahatanana?
Maranehna ngekecek umat Gusti, nun PANGERAN, ngagencet umat kagungan Gusti.
Randa sareng barudak pahatu diparaehan, kitu deui anu ngalumbara di ieu tanah.
Carek maranehna, "Moal kanyahoan ku PANGERAN, Allahna Israil teh moal malire."
He rahayat, ku naon barodo-barodo teuing? Iraha rek daraek diajar?
Allah nu ngadamel ceuli urang, moal enya teu ngadangu? Mantenna nu ngadamel panon urang, moal enya teu ningali?
Allah anu nyeuseul bangsa-bangsa, moal enya moal ngahukum? Mantenna guru sakumna manusa, moal enya taya kauninga-Na?
PANGERAN uninga kana pikiran maranehna, kauninga yen kabeh ge mubadir.
Bagja jalmi anu dididik ku Gusti, nun PANGERAN, sina terangeun kana hukum Gusti!
Dina mangsa aya pakewuh, ku Gusti disina ayem, dugi ka nu jahat teh beunang ku burang.
PANGERAN moal ngabodokeun umat-Na, pamohalan nilarkeun sakur nu jadi kagungana-Na.
Kaadilan baris aya deui di pangadilan, sarta baris disokong ku nu jalujur.
Saha nu bela ka abdi, ngalawan anu jarahat? Saha nu aya gigireun abdi, ngalawan para durjana?
Upami teu aya pitulung PANGERAN, tangtos abdi parantos pindah ka enggon anu maraot.
Sanggem pikiran, "Aduh tiguling," nanging teras disangkeh ku satia asih Gusti.
Nalika abdi nuju honcewang seueur kasalempang, ku Gusti dililipur malar janglar.
Gusti tara biluk ka hakim-hakim nu serong, anu ngesahkeun kateuadilan,
anu sapongkol nyalahkeun nu bener, anu nerapkeun hukum pati ka nu teu salah.
Untung kaula, dibela ku PANGERAN diraksa ku Allah kaula.
Kajahatan maranehna baris dihukum ku Mantenna, ditumpes ku karana dosa-dosana, geus tangtu baris ditumpes, ku PANGERAN, Allah urang.