:

Jabur 95

1

Hayu, urang maruji ka PANGERAN! Nyanyi sing gumbira keur Allah, anu nangtayungan urang.

2

Hayu urang ka Mantenna, nyanggakeun panarima, urang nyanyi muji sukur.

3

Karana PANGERAN teh Allah Nu Maha Kawasa, raja nu pinunjul, ngungkulan sakabeh ilah.

4

Mantenna anu kawasa ka sabumi alam, ti gorowong nu pangjerona, nepi ka puncak gunung nu pangluhurna.

5

Murba ka lautan, kenging-Na ngajadikeun, sarta murba ka daratan, kenging-Na ngabangun.

6

Hayu dareku, ngabakti ka Mantenna, tapak tuur di payuneun PANGERAN, nu ngadamel diri urang.

7

Mantenna teh Allah urang, urang teh umat cangkingana-Na, ibarat domba-domba angonan Mantenna. Ayeuna rareungeukeun, kieu dawuhana-Na:

8

"Ulah warangkelang cara karuhun maraneh di Meriba, jaman maranehna araya di gurun keusik di Masa.

9

Di dinya maranehna nyoba, ngadoja ka Kami sakitu geus narenjo sakur anu dipigawe ku Kami.

10

Opat puluh taun Kami dirurungsing ku eta umat. Nu matak ceuk Kami, ‘Euweuh pisan satiana eta jalma-jalma teh! Teu narurut kana parentah Kami.’

11

Ku bawaning jengkel Kami nepi ka sumpah, ‘Maraneh hamo asup ka eta tanah, moal dibikeun reureuh di dinya.’"

Link: