:
1 Sanggakeun ka PANGERAN, lagu pupujian anyar! Sanggakeun nyanyian ka PANGERAN, he sakuliah jagat!
2 Sanggakeun nyanyian ka PANGERAN, puji Mantenna! Sebarkeun warta hade saban poe, yen Mantenna geus nyalametkeun urang.
3 Caritakeun kaagungana-Na ka sakabeh bangsa, caritakeun karongkahan padamelana-Na ka sakabeh jalma.
4 PANGERAN agung, wajib dijungjung luhur, wajib dihormat leuwih ti ilah-ilah.
5 Ilah-ilah bangsa-bangsa batur ngan ukur arca, ari PANGERAN mah nu nyipta sakubeng langit.
6 Mantenna dikubeng ku kamulyaan jeung kaagungan, Bait-Na dipinuhan ku kakawasaan jeung kaendahan.
7 Puji PANGERAN, he umat sajagat, puji kaagungan jeung kapunjulana-Na.
8 Puji kaagungan jenengan PANGERAN. Sanggakeun pangbakti, geura arasup ka Bait-Na.
9 Tarungkul lamun Mantenna geus nembongan, sajagat kabeh sing ngadegdeg di payuneuna-Na.
10 Wartakeun ka sakabeh bangsa, "PANGERAN teh Raja! Bumi geus maneuh, pageuh moal ongget-ongget; Allah baris ngahakiman bangsa-bangsa reujeung adil."
11 He langit jeung bumi, masing saruka! He laut, katut mahluk-mahlukna, mangka jumegur!
12 He tegal-tegal jeung saeusina, mangka barungah! He tatangkalan eusi leuweung, surak sing gerah!
13 Masing saruka lamun PANGERAN sumping baris marentah ieu bumi. Mantenna baris ngatur manusa pangeusi dunya reujeung adil, lempeng jujur.