Kajadian 26
Hiji mangsa eta tanah katarajang deui paceklik, saperti bareto keur jaman Ibrahim. Ishak angkat ka Gerar nepangan Abimelek raja urang Pelisti.
PANGERAN nembongan ka Ishak sarta ngandika, "Maneh ulah ka Mesir. Cicing bae di tanah anu geus dituduhkeun ku Kami.
Saheulaanan di dieu bae, ku Kami dibarengan jeung bakal diberkahan. Sabab ieu tanah ku Kami bakal dibikeun ka maneh jeung turunan maneh. Kami tetep mageuhan jangji ka bapa maneh.
Maneh rek dibere turunan anu lobana lir bentang di langit, sarta maranehanana ku Kami bakal diserenan tanah sawewengkon ieu. Bangsa-bangsa kabeh bakal marenta diberkahan ku Kami cara ngaberkahan ka turunan maneh.
Kami bakal ngaberkahan ka maneh, lantaran Ibrahim geus nurut jeung ngestokeun parentah-parentah Kami."
Tuluy Ishak matuh di Gerar.
Urang dinya naranyakeun hal garwana. Ku anjeunna diwaler yen: "Eta teh pun adi." Teu wantuneun ngangken yen garwana, sieun dipaehan ku urang dinya, kawantu garwana geulis kabina-bina.
Hiji mangsa, anjeunna katingali tina jandela ku Abimelek raja tanah Gerar, keur nyacapkeun kasono jeung Rabeka.
Ishak ku anjeunna disaur, dipariksa, "Moal lepat deui, eta istri teh tangtos garwa salira! Naon margina diangkenkeun rai?" Waler Ishak, "Ku emutan, upami disebatkeun pun bojo, tangtos sim kuring aya nu maehan."
Abimelek, "Teu sae kitu. Da saupami kitu mah gampil bae tuang geureuha teh digunasika ku salah saurang rahayat sim kuring, matak lepat ka sadaya urang dieu."
Ti dinya Abimelek marentahkeun ka rahayatna, "Ieu juragan reujeung garwana, ulah aya anu ngaganggu. Sing saha nu kumawani, tanwande dihukum pati."
Di eta tanah Ishak teh ngahuma. Barang dipanenan, hasilna saratus kalieun, kawantu diberkahan ku PANGERAN.
Anjeunna jadi kacida beungharna, sabab usahana beuki maju, beuki maju.
Barang urang Pelisti nyarahoeun yen Ishak kagungan ingon-ingon embe, domba, kitu deui badega-badega sakitu lobana, seug jadi malik sirik.
Heug bae sumur-sumur anu bareto beunang ngali badega-badega Ibrahim ramana teh ku maranehanana diarurugan.
Saur Abimelek ka Ishak, "Ku margi ayeuna mah salira jadi leuwih kuat ti batan urang dieuna, sae ngalih bae ti dieu."
Ishak terus ngalih, ngababakan di hiji lengkob di Gerar, ngendek di dinya meunang sawatara lila.
Sumur-sumur anu dikali di jaman ramana, anu diarurugan ku urang Pelisti sanggeus ramana pupus, ku anjeunna dikalian deui, malah dingaranan deui numutkeun ngaran-ngaran ti ramana.
Hiji mangsa badega-badega Ishak ngali hiji sumur di eta lengkob, cinyusuna mani buburialan.
Tapi tukang-tukang angon urang Gerar ngajak cekcok ka tukang-tukang angon Ishak. Aromongna, "Ieu sumur anu kami!" Seug eta sumur teh ku Ishak dingaranan "Esek", anu hartina cekcok.
Badega-badega Ishak ngali deui sumur sejenna. Ieu oge jadi pacekcokan. Nya ku anjeunna dingaranan "Sitna" anu hartina mumusuhan.
Ishak ngalih deui jauh ti dinya, jeung ngali deui hiji sumur. Ieu mah berekah henteu jadi pacekcokan. Seug ku anjeunna dingaranan Rehobot, hartina "Kaluginaan". Saurna, "Nya di dieu urang ku PANGERAN dipaparin kaluginaan. Di dieu urang baris jadi makmur."
Hiji mangsa Ishak angkat ka Bersyeba.
Peutingna PANGERAN nembongan sarta ngandika, "Kami, Allah panutan bapa maneh Ibrahim. Ulah sieun Kami aya jeung maneh. Maneh bakal diberkahan, dibere loba turunan, ku karana abdi Kami Ibrahim."
Ishak ngadegkeun altar, seug ngabakti ka PANGERAN. Geus kitu masang kemah, badega-badegana ngarali sumur.
Abimelek sumping ka Ishak ti Gerar, disarengan ku Ahusat juru nasehatna jeung Pikol, panglima balatantara.
Saur Ishak ka anjeunna, "Aya pikersaeun ka sim kuring? Kapan kapungkur mah sakitu henteu saena ka sim kuring, dugi ka ngusir!"
Walerna, "Ayeuna mah parantos terang, salira disarengan ku Allah. Ku emutan, urang kedah meungkeut hiji perjangjian anu kiat. Salira kedah jangji
yen moal ganggu ka pihak sim kuring. Sim kuring oge kitu moal ngaganggu ka pihak salira. Geuning kapungkur oge sim kuring teu kieu-kieu ka salira. Nalika angkat ti ditu salira henteu disisikudi. Geuning ayeuna salira diberkahan keneh ku PANGERAN."
Ti dinya Ishak sasayagian seja nyukakeun tamuna, brak taruang leueut.
Isukna isuk-isuk keneh, aranjeunna masing-masing ngikrarkeun jangjina kalawan sumpah. Sanggeus beres, tamu-tamu dijurung marulih. Dina paturay tineungna, aranjeunna geus pada silih mimitran.
Poe eta badega-badega Ishak daratang, bebeja ka anjeunna perkara ngali sumur tea, pokna, "Caina parantos kapendak."
Eta sumur ku anjeunna dingaranan "Syeba". Ku sabab eta, eta tempat teh tetep dingaranan Bersyeba.
Ari Esau sanggeus yuswa opat puluh taun nikah ka Yudit, anak Beri urang Het. Jaba ti eta nikahna teh ka Basmat, anak Elon, urang Het keneh.
Ishak jeung Rabeka bati susah sajeroning manah.