Kajadian 27
Ishak kacida sepuhna, socana geus teu ningali. Hiji mangsa nyaur Esau, putra cikal, sarta saurna, "Ujang!" "Kulan!" wangsulanana.
Ishak, "Ama teh geus kolot, geus tereh maot.
Mana pakarang Ujang, gondewa jeung panah, Ama pangmorokeun.
Terus olahkeun ku Ujang, jieun kaolahan kasedep Ama, seug bawa ka dieu. Engke ku Ama didahar. Memeh Ama sah ti dunya, hayang ngaberkahan heula ka Ujang."
Kasauran Ishak ka Esau kadangueun ku Rabeka. Sanggeus Esau indit moro jang ramana,
Rabeka sasauran ka Yakub, "Bieu Ibu ngadenge Ama sasauran ka Esau, saurna:
‘Ama pangmorokeun, terus olahkeun jang Ama. Engke ku Ama didahar. Memeh Ama sah ti dunya, hayang ngaberkahan Ujang heula di payuneun PANGERAN.’
Ayeuna kieu kasep, turutkeun omongan Ibu.
Jung ayeuna newak embe dua anu ngora, urang olahkeun, jieun rupa-rupa kaolahan kasedep Ama.
Sanggakeun ku Ujang, sina dituang ku Ama, engke Ujang ku Ama diberkahan, samemeh Ama pupus."
Wangsul Yakub ka ibuna, "Nanging kumaha, Ibu, kapan Esau mah pinuh ku bulu, dupi kulit abdi mah limit.
Boa engke Ama ngarampaan awak abdi, uningaeun we panginten yen abdi ngabohong. Upami kitu mah abdi teh ti batan diberkahan anggur disapa."
Saur ibuna, "Panyapana mah nu kumaha bae ge keun Ibu nu nyangga. Turut bae Ibu, jung ka ditu tewak embe, bawa ka Ibu."
Yakub newak embe, disanggakeun ka ibuna, terus diolahkeun didamel kaolahan kasedep Ishak.
Geus kitu Rabeka nyandak pakean Esau anu disimpen di bumi, rap dianggokeun ka Yakub.
Leungeun jeung punduk Yakub anu henteu katutup ku eta pakean, dibulenan ku kulit embe tea.
Kaolahan nu raraos teh dipiwarang disanggakeun ku Yakub jeung rotina ka ramana.
Ku Yakub disanggakeun ka ramana. Saurna, "Ama!" Walerna, "Saha eta? Anak anu mana Ujang teh?"
Yakub ngawangsul, "Abdi Esau, putra Ama anu cikal. Pamundut Ama parantos sayagi. Geura gugah. Tuang ieu daging kenging abdi moro. Saparantos tuang, abdi berkahan."
Ishak, "Geuning tereh pisan beubeunangan, Ujang?" Yakub ngawangsul, "Allah panutan Ama parantos nulung ka abdi."
Saur Ishak deui, "Ser atuh ka dieu, urang rampa ku Ama, na enya Ujang teh Esau anak Ama?"
Ser Yakub ngadeukeutan ka ramana. Saur ramana sanggeus ngarampaan, "Sorana mah sora Yakub, tapi dirampa leungeunna asa leungeun Esau."
Anjeunna teu uningaeun yen eta teh Yakub, kawantu leungeun Yakub karaos buluna cara Esau. Barang rek prak ngaberkahan,
anjeunna mariksa deui, "Na enya ieu teh anak Ama, Esau?" "Leres," wangsulna.
Saur Ishak, "Sok atuh daging teh asongkeun, ku Ama urang dahar. Engke Ujang diberkahan." Sor ku Yakub disanggakeun, sakalian jeung anggur keur leueuteunana.
Geus kitu ramana ngalahir, "Ser Ujang ka dieu, Ama cium."
Yakub nyampeurkeun ka ramana, seja nyium. Pakeanana ku ramana diangseuan. Pok ramana ngucapkeun berkah, "Ieu bau anak Ama, matak seger karasana, seungit tanah nu pinuh ku berkah Allah.
Mugia Allah ka hidep nurunkeun ibun ti langit, tanah teh mangka subur mangka makmur, sing dipaparin ceuyah ku gandum ceuyah ku anggur.
Bangsa-bangsa ka hidep mangka taraluk, sararujud tararunduk. Baraya-baraya, ka hidep mangka ngawula, anak-anak indung hidep, ku hidep mangka kapurba. Mangka kasapa sakur nu ka hidep nyapa, mangka jamuga, nu ka hidep ngadudunga."
Cacap Ishak ngucapkeun berkahna, Yakub geus undur. Ana torojol Esau rakana, tas moro.
Anjeunna ge popolah, terus disanggakeun ka ramana. Pok unjukan, "Ama, geura gugah. Geura tuang, ieu dagingna, kenging abdi putra Ama. Saparantosna, abdi berkahan."
Ishak mariksa, "Saha Ujang teh?" Wangsulanana, "Abdi Esau, putra Ama anu cikal."
Per Ishak ngadegdeg salirana. Mariksa deui, "Ari bieu saha atuh, ka Ama nyuguhan beunang moro? Ku Ama didahar, memeh Ujang datang. Malah ku Ama geus diberkahan, tur berkahna tetep tumetep."
Gauk Esau ngajerit tarik, terus nangis semu nalangsa kabina-bina. Pok unjukan, "Ama, atuh abdi ge berkahan!"
Waler Ishak, "Adi Ujang geus nipu ka Ama, nyokot berkah anu Ujang."
Wangsul Esau, "Parantos dua kali sareng ieu manehna nipu ka abdi. Surup ka ngaranna Yakub. Hak cikal ku manehna dirampas ti abdi, ayeuna berkah anu abdi oge dirampas. Na teu aya deui berkah ti Ama pikeun abdi?"
Waler Ishak ka Esau, "Yakub ku Ama geus diberkahan sina murba ka Ujang, sakabeh barayana baris jaradi kawulana. Ku Ama geus disina beunghar ku gandum jeung anggur. Jadi kudu kumaha atuh Ama ka Ujang teh?"
Esau ngeukeuhan ka ramana, "Naha Ama kagungan berkah teh mung hiji-hijina? Berkahan abdi oge, Ama!" saurna, bari segruk bae nangis.
Geus kitu saur Ishak, "Tanah hidep hamo subur hamo makmur, ti langit mo ngambeu ibun.
Hirup hidep ngan ku pedang, ka adi baris ngawula. Tapi upama hidep usaha bebeakan, engke bisa bebas tina kakawasaanana."
Esau kacida ngunek-ngunekna ka Yakub, dumeh berkahna enggeus dirampas. Heug bae mikir, "Mo lila deui ge Ama ngantunkeun. Beres eta, dipaehan si Yakub ku aing!"
Tapi eta niat Esau teh kauningaeun ku Rabeka. Yakub ku anjeunna disaur, "Ujang! Esau lanceuk Ujang ngarah, rek maehan ka Ujang.
Ayeuna turutkeun papatah Ibu. Geura sasadiaan, terus kabur ka Haran, ka dulur Ibu anu ngaran Laban.
Di dinya bae heula, nepi ka sirepna amarah lanceuk Ujang,
moal nginget-nginget deui kalakuan Ujang ka manehna. Mun geus kitu, Ibu tangtu ngajurungan saha bae ka ditu, neang Ujang mulang deui ka Ibu. Ku naon atuh Ibu teh tepi ka kudu ditinggalkeun ku anak duanana sapoe reujeung?"
Ti dinya Rabeka nepangan Ishak, saurna, "Abdi teh parantos bosen ningal bojo-bojona Esau, teu sabangsa sareng urang. Upami Yakub oge dugi ka bojoan ka urang dieu, bangsa Het, langkung sae pondok umur bae abdi mah."