:

Kajadian 28

1

Yakub ku Ishak disaur. Sanggeus dibageakeun, diomat-omatan, saurna, "Ulah boga pamajikan ka urang Kanaan.

2

Ayeuna geura sasadiaan, terus indit ka Mesopotami. Tepungan Eyang Betuel ramana Ibu. Heug kawin ka urang ditu, ka putra Emang Laban.

3

Muga rumah tangga hidep meunang berkah Allah Nu Maha Kawasa, bisa reuay anak, sangkan jadi karuhun ti bangsa loba.

4

Hidep saturun-tumurun, sing meunang berkah PANGERAN cara berkah ka Ibrahim. Ieu tanah, tempat hidep dijurukeun, anu ku Allah geus dipaparinkeun ka Ibrahim, masing jadi milik hidep."

5

Geus kitu Yakub dijurung laku, indit ka Mesopotami, dipiwarang nepungan Laban putra Betuel urang Aram. Laban teh raina Rabeka ibuna Yakub jeung Esau.

6

Esau terangeun, yen Yakub diberkahan deui jeung diiangkeun ka Mesopotami, sina neangan jodo di ditu. Terangeun, yen waktu keur diberkahanana diomat-omatan teu meunang kawin ka wanita urang Kanaan.

7

Terangeun, yen Yakub indit ka Mesopotami teh lantaran nurut ka rama ka ibu.

8

Ras bae kapikir, yen ramana teu resep ka wanita urang Kanaan.

9

Ku sabab eta manehna terus nepungan Ismail, putra Ibrahim tea, terus nikah jeung Mahalat adina Nebayot, putra Ismail.

10

Yakub iang ti Bersyeba, ngajugjug ka tanah Haran.

11

Barang jol ka hiji tempat, panonpoe enggeus surup. Yakub tuluy pasang kemah, dug ngedeng dina anggel batu, ti dinya reup bae mondok.

12

Bet ngimpi ningal taraje, nanggeuh ti bumi ka langit, dipake unggah turun ku para malaikat.

13

Breh deui ningal aya PANGERAN, ngadeg di gigireunana, nimbalan kieu, "Kami, Allah panutan Ibrahim jeung Ishak. Ieu tanah anu keur dikedengan ku maneh, baris jadi milik maneh, turun-tumurun.

14

Turunan maneh bakal loba liwat saking, tinanding keusik di bumi. Ari wewengkon tanahna, bakal terus ngalegaan, ka kulon, ka wetan, ka kidul, ka kaler. Bangsa-bangsa bakal mareunang berkah ku lantaran maneh sarta turunan maneh.

15

Satemenna, Kami seja nyarengan ka maneh. Ka mana bae nya indit, ku Kami tangtu diraksa, sarta baris dibalikkeun deui ka ieu tanah. Maneh moal ditinggalkeun, nepi ka laksana saomong Kami ayeuna."

16

Korejat Yakub hudang, tuluy ngomong, "PANGERAN di dieu! Aing teu nyaho Mantenna aya di dieu!"

17

Yakub jadi sieuneun sarta tuluy ngomong deui, "Ieu tempat teh pikasieuneun! Ieu tangtu bumina Allah; tangtu ieu teh lawang asup ka sawarga."

18

Poek-poek keneh Yakub geus hudang. Top kana batu nu entas dipake anggel, seug ditangtungkeun, dijieun tugu pangeling-ngeling, cur dikucuran minyak rek dibaktikeun ka Allah.

19

Seug eta tempat teh ku Yakub dingaranan Betel. Tadina ngaranna Lus.

20

Geus kitu Yakub ikrar sumpah ka PANGERAN: "Saupami Gusti nyarengan sareng ngaraksa ka abdi salebeting perjalanan, salajengna maparin sandang sareng pangan,

21

sareng ngawangsulkeun deui abdi ka pangkonan pun bapa, Gusti teh nya Allah panutan abdi.

22

Ieu batu pangeling-eling anu ditangtungkeun ku abdi, bakal jadi tempat paranti ngabakti ka Anjeun. Sareng abdi sumeja nyanggakeun sapersapuluh ti sugri anu ku Gusti dipaparinkeun ka abdi."

Link: