:

Kajadian 29

1

Yakub jung deui lumaku, kebat angkat ka tanah Wetan.

2

Ti dinya jol ka hiji sumur, ayana di tengah tegal. Deukeut sumur aya domba tilu gunduk keur darepa, ngadago dibarere nginum. Ari sumurna ditutupan keneh ku batu gede.

3

Upama domba geus karumpul kabeh, kakara diarinuman, batu panutup sumurna diangkat babarengan. Mun geus beres nginuman, batuna ditutupkeun deui kana urutna.

4

Yakub terus uluk salam sarta saurna, "Punten, dulur-dulur anu ti mana?" Dijarawab yen ti Haran.

5

Yakub, "Manawi kenal sareng Laban putra Nahor?" Dijarawab yen kenal.

6

Yakub, "Kumaha anjeunna damang?" Dijarawab, "Damang. Tuh geuning Rahel putrana, ngagiringkeun domba ka dieu."

7

Saur Yakub, "Siang keneh, can meujeuhna ngandangkeun. Ku naon teu enggal-enggal dibere nginum, sina nyaratuan deui?"

8

Jawabna, "Ngantos kumpul heula sadayana. Ayeuna mah can tiasa, margi batuna kedah diangkat babarengan, nembe tiasa nginuman."

9

Sabot Yakub sasauran, Rahel datang ngagiring domba ramana, kawantu Rahel oge kabagian kudu ngangon.

10

Ana jol Rahel datang ngagiring domba anu emang Laban, Yakub buru-buru muru ka sumur, gulipak batuna digulingkeun, terus eta domba-domba disina ngarinum.

11

Ti dinya gabrug ngarangkul ka Rahel bari sumegruk.

12

"Akang teh," saurna, "putra ti Ibu Rabeka, wargi tuang rama." Deregdeg Rahel lumpat rek wawartos ka ramana.

13

Sanggeus diwartosan yen aya Yakub putra rakana, Laban gura-giru mapagkeun. Gabrug ngarangkul bari nyiuman, terus Yakub dikaleng, dicandak ka bumi. Ti dinya Yakub cacarios ngunjukkeun sagala nu kaalaman.

14

Saur Laban, "Enya, hidep teh tunggal getih daging Ama." Saterusna Yakub di pamanna geus meunang sabulan.

15

Geus kitu saur Laban ka Yakub, "Kumaha hidep teh, digawe teu dibayar pedah kulawarga keneh. Cik hidep menta sabaraha bayaran?"

16

Ari Laban kagungan putra istri dua, Lea rakana, Rahel raina.

17

Lea alus panonna, tapi Rahel mah awakna camperenik jeung rupana geulis.

18

Yakub nu cinta ka Rahel ngawalon, "Abdi seja babantu di Emang tujuh taun, asal dipaparin Rahel, putra Ama anu anom."

19

Saur Laban, "Nya mending dika-aguskeun eta anak Ama teh, tinimbang ka nu sejen mah. Heug, hidep didieu bae jeung Ama."

20

Digawe tujuh taun keur meunangkeun Rahel, karaosna ku Yakub mah ukur popoean bae, awahing ku cinta-cintana.

21

Tutup anu tujuh taun, Yakub unjukan ka Laban, "Abdi nagih perjangjian, putra Ama tikahkeun ka abdi, margi parantos seep waktosna."

22

Prak Laban hajat, urang dinya kabeh diondang.

23

Tapi peutinganana, anu dianteurkeun ka Yakub teh lain Rahel, tapi Lea, seug salulut.

24

Lea ku Laban dibere emban saurang, ngaranna Silpa.

25

Isukna ku Yakub kakara katangen, sihoreng eta teh Lea. Yakub ngadesek ka Laban, "Geuning kitu Ama mah, ngabobodo! Abdi ngawula teh hayang Rahel!"

26

Walon Laban, "Di dieu mah teu lumrah adi dikawinkeun miheulaan lanceuk.

27

Sabar heula saminggu ieu nepi ka bubar hajat, kakara Rahel ku Ama diserenkeun. Tapi hidep kudu digawe di Ama tujuh taun deui."

28

Yakub satuju. Sabubarna hajat kawinan, Rahel diserenkeun ka Yakub.

29

Rahel oge ku ramana dibere emban saurang, ngaranna Bilha.

30

Yakub jeung Rahel enggeus salulut, tur asihna ka Rahel leuwih ti batan ka Lea. Yakub ngawula ka Laban tujuh taun deui.

31

PANGERAN uninga yen Lea teu dipikacinta. Seug ku Mantenna sina boga anak, sabalikna Rahel mah sina gabug.

32

Seug Lea kakandungan terus ngalahirkeun putra lalaki. Terus dingaranan Rubin, sabab saurna, "PANGERAN geus ningali kasusah aing. Ayeuna mah salaki tangtu nyaaheun."

33

Geus kitu kakandungan deui. Ana lahir putrana pameget, tuluy dingaranan Simeon, sabab saurna, "PANGERAN maparin deui anak, uningaeun aing teu dipikacinta."

34

Ngandung deui, ana lahir putrana pameget, seug dingaranan Lewi, sabab saurna, "Ayeuna mah salaki tangtu layeut ka aing, da aing geus mere tilu anak."

35

Ngandung deui, ana lahir putrana pameget, seug dingaranan Yuda, karana saurna, "Aing muji sukur ka PANGERAN." Ti dinya pet teu putraan deui.

Link: