:

Kajadian 30

1

Ku sabab henteu bae kagungan putra ti Yakub, Rahel jadi sirik ka nu jadi raka. Ti dinya unjukan ka Yakub, "Abdi menta anak! Kieu bae mah langkung sae pondok umur!"

2

Bawaning jengkel ka Rahel, Yakub ngawalon, "Na Akang teh gaganti Allah? Nyai teu boga anak teh kapan ku pangersa-Na!"

3

Walon Rahel, "Kapan abdi gaduh inang, Bilha. Kawin ku Akang sina ngandung, anakna jang abdi, sarta abdi jadi indung ku jalan kitu."

4

Seug Bilha, inangna, diserenkeun sina salulut jeung carogena.

5

Ti dinya Bilha nyiram, terus ngalahirkeun pikeun Yakub.

6

Saur Rahel, "Allah geus midamel kaadilan ka aing, ngamakbul paneda aing, maparin anak." Seug orok teh dingaranan Dan.

7

Bilha inang Rahel nyiram deui, terus ngalahirkeun putra pameget ti Yakub.

8

Saur Rahel, "Aing tas tarung jeung lanceuk. Aing anu meunang." Seug orok teh dingaranan Naptali.

9

Ari Lea, sanggeus pet teu putraan deui, seug nyerenkeun Silpa inangna, sina ditikah ku Yakub.

10

Ti dinya Silpa ngalahirkeun putra pameget ti Yakub,

11

terus dingaranan Gad. "Sabab mawa untung!" saur Lea.

12

Silpa inang Lea ngalahirkeun deui putra pameget ti Yakub.

13

Saur Lea, "Bagja temen ieu aing! Aing bakal disebut jelema bagja ku sakabeh awewe." Ku sabab kitu eta putrana teh dingaranan Aser.

14

Hiji mangsa keur usum panen gandum, Rubin ka huma, beh manggih buah, ngaranna buah asihan. Seug diserenkeun ka Lea, ibuna. Rahel menta, "Cik abdi menta eta buah asihan panimu anak aceuk."

15

Lea ngawalon, "Acan puas ngarebut salaki aceuk? Ayeuna prak deui, menta buah asihan panimu anak aceuk!" Ari walon Rahel, "Engke wengi, aceuk kenging kulem sareng Kang Yakub, asal abdi dipasihan eta buah."

16

Pasosore Yakub sumping tas ti huma, Lea mapagkeun sarta saurna, "Engke wengi Akang kulem di abdi, margi parantos disewa ku abdi ku buah asihan panimu anak abdi." Peutingna Yakub kulem di Lea sarta salulut.

17

Allah ngamakbul paneda Lea. Lea nyiram deui, tuluy ngalahirkeun putra anu kalima ti Yakub.

18

Saur Lea, "Allah ngaganjar ka aing, lantaran aing ngabaktikeun inang aing ka salaki." Seug putrana dingaranan Isaskar.

19

Ti dinya nyiram deui, terus ngalahirkeun putra anu kagenep ti Yakub.

20

Saurna, "Allah ka aing maparin nugraha. Ayeuna mah salaki teh tangtu daekeun deui ka aing, da aing geus genep ngajurukeun anakna anu lalaki." Ku sabab kitu eta budak teh ku Lea dingaranan Sebulun.

21

Ti dinya ngalahirkeun deui, istri, dingaranan Dinah.

22

Geus kitu Allah emut ka Rahel. Paneda Rahel dikabul, dipaparin kasempetan kana puputra.

23

Seug nyiram terus ngalahirkeun putra lalaki. Pok sasauran, "Allah geus ngajait aing tina kahinaan teu boga anak.

24

Mugi-mugi Mantenna maparin deui anak ka aing." Seug putrana dingaranan Yusup.

25

Sanggeus lahir Yusup, Yakub neda amit ka Laban, saurna, "Ama, abdi widian mulang ka bali geusan ngajadi.

26

Pun bojo, anu dikengingkeunana ku jalan abdi ngawula ka Ama, kitu deui pun anak, sadayana bade dibantun. Ku Ama parantos kauninga, abdi digawe di Ama teh sakitu temen wekelna."

27

Walon Laban, "Hidep sing karunya ka Ama, enya ku Ama ge karasa, pangna Ama sakieu diberkahanana ku PANGERAN teh nya hidep lantaranana.

28

Bisi hidep hayang dibayar, sabaraha oge ku Ama tangtu dibayar."

29

Walon Yakub, "Ku Ama tangtos karaos, kumaha suhudna abdi ngawula. Ingon-ingon Ama oge jadi sakitu gereyekna saparantos diurus ku abdi mah.

30

Memeh ku abdi diurus mah mung saeutik, ayeuna parantos jadi mangpirang-pirang. Sajleg abdi aya di Ama, sakitu diberkahanana Ama ku PANGERAN. Meujeuhna ayeuna mah abdi ngemut-ngemut kapentingan rumah tangga pribadi."

31

Saur Laban, "Mere naon atuh Ama ka hidep?" Walon Yakub, "Ama teu kedah maparin naon-naon. Heug abdi ngurus deui ingon-ingon Ama, upami Ama satuju sarat-saratna.

32

Dinten ieu abdi bade mariksa ingon-ingon. Mana-mana domba anu bulu hideung, embe anu totol-totol sareng anu belang, bade dipisahkeun, keur buruhan abdi.

33

Kitu teh supados ka payunna Ama gampil mariksana, bilih palay uninga abdi jujur henteuna. Jadi upami mendakan dinu bagian abdi aya embe anu buluna henteu belang atanapi totol-totol, atanapi domba anu sanes bulu hideung, tangtos eta kenging maling ti Ama."

34

Walon Laban, "Ama akur. Kumaha hidep bae."

35

Tapi poe eta keneh Laban buru-buru misah-misahkeun embe-embe badot anu kendit jeung anu belang, embe-embe bikang anu totol-totol jeung nu belang, kitu deui anu bodas. Jaba ti eta, domba-domba bulu hideung kabeh dipisah-pisahkeun. Geus kitu dipasrahkeun ka putra-putrana sina dijaga.

36

Ti dinya anjeunna angkat ngajauhan Yakub, jauhna kira-kira lalakon tilu poe. Jadi ingon-ingon Laban anu diurus ku Yakub mah sasesana bae.

37

Ti dinya Yakub mesekan dahan-dahan anu harejo, dahan kimenyan, dahan jarak jeung dahan caringin. Dipesekna dipontrang-pontrang sina tembong nu bodasna, jadi udat-udat belang.

38

Eta dahan-dahan teh diteundeunna dina jolang-jolang paranti embe ngarinum. Ana embe dararatang rek ngarinum, sok ngaradon lakian di dinya.

39

Ku lantaran keur waktu kituna narenjoeun kana dahan-dahan nu dibelang-belang tea, ana ngajaruru anakna teh tararotol, kararendit jeung barelang.

40

Ari domba-domba jalu ku Yakub dipisahkeun, sina ngudag-ngudag bikang anu warna kendit jeung hideung anu Laban. Ku anjeunna dipisah-pisahkeun, henteu dihijikeun jeung anu Laban. Kitu carana Yakub nambahan ingon-ingonna, sarta henteu dihijikeun jeung anu Laban.

41

Jeung ana embe domba anu barodas rek lakian, jolang-jolang paragi ngarinumna diteundeunan dahan-dahan beunang montrang. Atuh embe domba teh lakianana nyalanghareup kana dahan-dahan tea.

42

Ari embe domba anu halengker mah henteu dikitukeun. Kajadianana, Laban kabagian nu halengkerna, ari Yakub meunang nu karuat tur sarehat.

43

Atuh Yakub teh gancang naker jadi beunghar, embe dombana mangpirang-pirang, onta, kalde, jeung badega-badega teu kurang-kurang.

Link: