Kajadian 31
Hiji mangsa Yakub ngadangu diupat ku putra-putra Laban, cenah, "Yakub geus ngarampogan sagala rupa ti bapa urang. Beunghar soteh bane beunang nyokotan ti bapa urang."
Jeung deui ku Yakub ge geus kajudi, yen bubuden Laban ka anjeunna geus henteu cara kamari mangkukna.
Ti dinya PANGERAN nimbalan ka anjeunna, "Geura mulang ka tanah karuhun maneh, ka kaom sorangan. Heug ku Kami dibaturan."
Seug Yakub miwarang nyusulan Rahel jeung Lea sina ka tegal pangangonan.
Saurna ka Rahel jeung Lea, "Bubuden rama nyai ka Akang ayeuna mah geus henteu cara bareto-bareto. Tapi Allah panutan bapa Akang teu petot-petot nyarengan ka Akang.
Akang digawe di Ama teh estu dug hulu pet nyawa, ku Nyai ge tangtu karasa.
Tapi Ama ka Akang kalah ka ngalicikan, buruhan Akang ku anjeunna dihala-hili nepi ka sapuluh kali. Ngan teu diwidian bae ku Allah ari nepi ka nyilakakeun mah ka Akang teh.
Mun ceuk anjeunna, ‘Bagian hidep anu totol-totol,’ embe domba aranakanana teh totol. Mun ceuk anjeunna, ‘Bagian hidep ayeuna mah anu barelang,’ heug aranakanana teh barelang.
Jadi embe domba anu Ama teh ku Allah sasat dicandakan dipasihkeun ka Akang.
Hiji mangsa, dina usum embe domba lakian, Akang teh ngimpi: Embe domba jalu anu keur mararacek teh kararendit, tararotol, jeung barelang.
Dina eta impian Akang teh dilahiran ku Malaikat Pangeran, saur-Na, ‘Yakub!’ ‘Nun,’ ceuk Akang.
‘Tuh awaskeun,’ lahirana-Na deui, ‘itu badot-badot anu keur mararacek teh karendit, tararotol jeung barelang. Eta dihaja ku Kami, lantaran Kami nyaho kumaha kalakuan Laban ka maneh.
Kami, Allah anu nembongan ka maneh di Betel, enggon maneh bareto nyieun tugu pangeling-ngeling anu dikucuran ku minyak, tempat maneh bareto ngucapkeun nadar. Geura sasadiaan geusan incah ti ieu tanah, balik ka bali geusan ngajadi.’"
Rahel jeung Lea ngawangsul, "Abdi ti Ama teh parantos moal kenging nanaon.
Ku anjeunna parantos dijieun deungeun-deungeun. Abdi ku anjeunna sasat dijual, ari ladang ngajual abdi dikeukeuweuk nyalira bae.
Ieu sagala rupi kakayaan nu aya di urang ayeuna, anu ku Allah dicandakan ti Ama, sayaktosna gaduh urang sareng anu anak urang. Eta dawuhan Allah teh ku Akang tumutkeun."
Prak Yakub sasadiaan. Putra-putra jeung garwa-garwa sina naraek kana onta.
Sanggeus tarapti, leugeudeut mimiti maju, seja mulang ka pangkonan rama di tanah Kanaan. Sagala harta bandana anu meunang ti Mesopotami taya nu kari. Ingon-ingon embe domba sina digiring ti heula.
Harita Laban keur teu aya, keur nyukuran domba. Sabot sepi, batarana dipaling ku Rahel.
Jadi Yakub teh angkatna ngabokong ka Laban, urang Aram tea, henteu wawartos yen seja mulang ka asal.
Sagala rupa anu jadi milikna dicandak kabur. Angkatna geus meuntasan Walungan Eprat, terus maju ngajugjug pagunungan Gilad.
Sanggeus meunang tilu poe, Laban kakara kawartosan yen Yakub kabur.
Laban ngeprak jalma-jalmana. Gurudug nyusul Yakub. Sanggeus meunang tujuh poe, kakara kasusul di pagunungan Gilad.
Peutingna Laban meunang impian, ngimpen disumpingan ku Alah sarta nimbalan kieu, "Inget, poma maneh ulah nyieun kitu-kieu ka Yakub."
Yakub, anu harita geus masang kemah di hiji gunung, ku Laban enggeus kasusul. Laban nyeblokkeun kemah di pagunungan Gilad.
Saur Laban ka Yakub, "Ku naon ngabongohan, anak Ama dibawa kitu bae kawas awewe beunang ngajarah ti pangperangan?
Pang ngabongohan Ama teh ku naon, nepi ka indit henteu amitan heula? Coba upama terus terang, meureun ku Ama dirame-rame ku tatabeuhan, genjring jeung kacapi bari dikawihan.
Ama teu dibere nyium-nyium acan ka incu-incu, teu ngomong-ngomong acan ka anak. Ku asa kacida teuing maneh teh!
Ama bisa bae nyilakakeun hidep. Tapi tadi peuting Allah panutan bapa maneh ngomat-ngomatan ka Ama, saur-Na, ‘Poma maneh ulah kitu-kieu ka Yakub.’
Ku Ama oge kama’lum, pangna maneh kabur teh lantaran geus teu tahan hayang manggihan bapa. Heug. Tapi ku naon batara Ama diringkid?"
Yakub ngawangsul, "Puguh abdi teh ngarasa risi. Ku emutan, putra-putra Ama moal diwidian marilu, heug bae jadi rebutan.
Perkawis batara Ama, mun kapendak jelemana anu maling, paehan bae. Mangga garadah, saksina kulawarga urang masing-masing. Upama aya barang Ama naon bae, candak!" Yakub teu uningaeun Rahel maling batara ramana.
Ti dinya Laban ngagaradah kemah Yakub, kemah Lea, kemah inang nu duaan, tapi weleh batarana teu kapendak. Ti dinya sup ka kemah Rahel.
Ari ku Rahel eta batarana geus disumputkeun, dibebeskeun kana kakasuran luhur onta, seug dicalikan. Saeusi kemah ku Laban digaradahan.
Saur Rahel ka ramana, "Ama, ulah bendu, abdi teu tiasa mantuan, teu werat cengkat, ieu nuju haid." Laban hantem gagaradah, tapi weleh batarana teu kapendak.
Yakub ilang kasabaran, ngong ka Laban sasauran bangun napsu, "Ama! Naon kajahatan abdi? Naon dosa abdi mana Ama kitu-kitu teuing?
Cobi eta barang-barang mani diubrak-abrik. Cik, naon barang Ama anu kapendak? Jengjrengkeun, sina ditarongton ku jelema-jelema ti abdi jeung ti Ama! Keun sina dibaruktikeun, saha di antawis urang anu leres.
Dua puluh taun abdi ngawula ka Ama, ngurus embe domba kagungan Ama. Nu bikangna can aya nu burung ngajuru, nu jaluna can aya anu ku abdi dipeuncit didahar dagingna.
Anu digusur ku kerud, tara ditembong-tembong ka Ama, dumeh abdi nu talobeh, digantian ku nu sorangan. Nu dipaling boh ti beurang boh ti peuting, salawasna tara teu digantian.
Remen nandangan balangsak, ti beurang kapanasan, ti peuting katirisan, rajeun tara bisa mondok.
Kirang kumaha abdi teh nya bela, ngadukduk nepi ka dua puluh taun. Keur meunangkeun tuang putra, opat belas taun kumawula ka Ama. Keur meunangkeun ingon-ingon, genep taun dibujangkeun, parandene Ama masih tega ngahala-hili buruhan abdi, nepi ka sapuluh kali.
Cacak upami henteu ditangtayungan ku Allah panutan pun bapa, Allah panutan Eyang Ibrahim, Allah nu dibakti ku Ishak, tangtu abdi ku Ama ditundung, kudu balik ngaligincing. Kabalangsakan sareng pagawean abdi, Allah nu langkung tingali. Geuning tadi peuting Ama dipepelingan ku Mantenna."
Walon Laban, "Eta anak, duanana anak Ama. Eta barudak, kabeh incu-incu Ama. Eta ingon-ingon, kabeh anu Ama. Malah sakur nu katenjo di dieu, kabeh Ama anu boga. Ama arek kua arek kieu ka anak atawa ka barudakna, naon halanganana!
Ayeuna urang nyieun perjangjian antara urang. Urang numpukkeun batu minangka keur jadi saksi."
Seug Yakub nyandak hiji batu, ditangtungkeun dijieun tutunggul.
Jung miwarang kulawarga sina ngarumpulkeun batu terus ditumpuk, geus kitu dalalahar dina eta tumpukan batu.
Eta tumpukan ku Laban disebut Yegar Sahaduta, ari ku Yakub disebutna Galed.
Saur Laban, "Ieu tumpukan batu, kiwari ngajadi saksi antara Ama jeung hidep." Kitu asalna pangna dingaranan Galed.
Saur Laban deui, "Jeroning urang papisah, mangka kasaksi ku Allah." Eta sababna eta tempat dingaranan Mispa.
Laban sasauran keneh, "Mun hidep nganyenyeri anak Ama, atawa boga deui pamajikan, sanajan Ama teu nyaho, inget aya Allah nu ngawaskeun, Saksi ti urang duaan."
Saurna deui ka Yakub, "Tah ieu tumpukan jeung tutunggulna beunang Ama.
Ieu dua rupa tanda jadi saksi yen: Ama moal rek ngaliwat ieu wates geusan nempuh ka hidep. Hidep oge ulah ngaliwatan ieu wates geusan nempuh ka Ama.
Allah panutan Ibrahim jeung Allah panutan Nahor baris jadi Hakim nu ngahukum, upama ieu ku urang dirempak." Geus kitu Yakub ngikrarkeun sumpah demi pajenengan Allah nu dibakti ku Ishak ramana.
Terus Yakub meuncit kurban disembahkeun di pagunungan eta, sarta kulawargana dicandak ngariung dahar. Sanggeus dalahar, peutingna mondok deui di eta gunung.
Isukna isuk-isuk keneh Laban sosonoan jeung putu-putu, diciuman, andum salam jeung putra-putra, amit mundur terus mulang.