Kajadian 32
Yakub sarombonganana maju deui. Di satengahing jalan Yakub ningali aya para malaikat Allah.
Pok bae misaur, "Ieu tangtu balad Allah." Ku sabab kitu eta tempat ku anjeunna dingaranan Mahanaim.
Ti dinya Yakub ngirim sawatara utusan sina leumpang miheulaan anjeunna, sina ka Esau rakana, di nagri Edom.
Anjeunna titip saur keur Esau rakana, kieu, "Jisim abdi, Yakub, badega nu laip, sumeja unjuk uninga ka Juragan Esau, yen nembe tiasa wangsul deui ayeuna, saparantos lami nya matuh di Paman Laban.
Wangsul teh babantunan, sapi, kalde, domba sareng embe, sarawuh badega-badega. Sakitu nu kapiunjuk, taya sanes mung sumeja nyuhunkeun piwelasna."
Sanggeus baralik deui, para utusan teh unjukan ka Yakub, "Sareng Esau tuang raka parantos tepang. Anjeunna keur ka dieukeun, nyandak balad opat ratus."
Yakub sakalangkung gugup bawaning ngaraos gimir. Jalma-jalmana dibagi dua bagian, kitu deui domba, embe, sapi jeung onta.
Dina manahna, "Bisi upama pareng digempur ku Esau, sugan bae anu sabagian deui bisa lolos."
Yakub neneda, "Nun Allah panutan Aki Ibrahim, Allah panutan pun Bapa Ishak! GUSTI kapungkur nimbalan, ‘Maneh geura mulang ka kaom sorangan di bali geusan. Kami baris hade-hade ngurus ka maneh.’
Sayaktosna abdi Gusti henteu layak nampi kasaean sareng kagetenan Gusti anu parantos-parantos. Abdi mios meuntasan Walungan Yordan mung ukur kadua iteuk, wangsulna abdi sareng ieu rombongan, anu ayeuna dibagi dua bagian.
Jait abdi, nun Gusti! Abdi sieun ku pun lanceuk Esau. Abdi gimir sieun anjeunna ngagempur abdi sadaya katut para wanita sareng barudak.
Mugi Gusti emut kana jangji, ‘Kami baris hade-hade ngurus ka maneh. Turunan maneh baris loba tanpa wilangan, tinanding keusik di sapanjang basisir.’"
Sanggeus ngarereb peuting eta di lebah dinya, isukna anjeunna nyadiakeun pangruruba keur nyecep manah rakana, Esau.
Embe, bikangna dua ratus, jaluna dua puluh. Domba, bikangna dua ratus, jaluna dua puluh.
Onta nu keur nyarusuan tilu puluh, sakalian katut jeung anak-anakna. Sapi, bikangna opat puluh, jaluna sapuluh. Kalde, bikangna dua puluh, jaluna sapuluh.
Seug dititipkeun ka badega-badega, hiji badega hiji rombongan. Kieu saurna ka badega-badega, "Jung ka ditu ieu sato-sato barawa ti heula. Atur, ti rombongan ka rombongan deui sing aya antara anu cukup anggangna."
Badega anu kahiji diamanatan, "Upama tepung jeung dulur kami Esau sarta anjeunna mariksa, ‘Saha juragan maneh, arek ka mana, ieu ingon-ingon saha,’
ku maneh kudu dijawab kieu, ‘Sumuhun gaduhna pun Yakub, badega gamparan, seja kahaturkeun ka pangersa dunungan, Juragan Esau. Yakubna di pungkur keneh.’"
Ka badega nu kadua, katilu jeung saterusna sakur anu dititipan rombongan sato-sato tea, amanatna kitu keneh. "Kitu pipokkeun maraneh ka Esau upama geus amprok.
Seug sebutkeun, ‘Leres, Yakub badega gamparan nyusul ti pungkur.’" Ceuk Yakub dina manahna, "Aing rek nyoba ngaleehkeun hatena ku panyecep, sato-sato anu sina diinditkeun ti heula. Malak mandar upama geus tepung, anjeunna kersaeun ngahampura ka aing."
Sato-sato keur panyecep enggeus diinditkeun ti heula, ari anjeunna peuting eta ngarerebna masanggrahan di lebah dinya.
Peutingna, Yakub nyandak garwa duanana, inang duanana jeung sabelas putrana, meuntasan Walungan Yabok ka peuntas ditu.
Sanggeus kitu meuntaskeun sagala kakayaanana.
Beres meuntas-meuntaskeun sagala rupa, anjeunna kantun nyorangan di peuntas dieu. Ari geus nyalira, dumadakan datang hiji jelema, terus galungan jeung Yakub sapeupeuting, nepi ka wanci balebat.
Sanggeus eta jelema ngarasa moal baris meunang dina gelutna, Yakub diteunggeul tetepokanana nepi ka misalah.
Saur eta jelema, "Leupaskeun kami! Kaburu bray beurang!" Diwaler ku Yakub, "Kuring moal ngaleupaskeun Juragan, kajabi upami Juragan ngaberkahan kuring."
"Saha ngaran maneh?" saur eta jelema. "Yakub," walerna.
Saur eta jelema, "Ngaran maneh lain Yakub deui. Maneh geus gelut jeung Allah, oge jeung manusa, kalawan unggul, ku sabab eta ngaran maneh jadi Israil."
Saur Yakub, "Dupi salira, saha tea?" Ari walerna, "Naon perluna nanyakeun ngaran kami?" Seug Yakub ku eta jelema diberkahan.
Saur Yakub, "Aing geus nenjo pameunteu Allah. Ieu aing hirup keneh." Tuluy eta tempat ku anjeunna dingaranan Peniel.
Panonpoe enggeus meletek, Yakub ngantunkeun Peniel, angkatna jadi pincang lantaran tetepokanana misalah.
Nya ku karana eta, tug nepi ka kiwari turunan Israil pantrang ngadahar daging urat panjang anu nyambungkeun tetepokan, sabab nya lebah tetepokanana Yakub diteunggeul nepi ka misalah.