:

Kajadian 33

1

Esau jeung opat ratus baladna geus beh katembong. Gancang Yakub ngabagi-bagikeun putrana ka ibuna masing-masing, ka Lea, ka Rahel jeung ka emban-emban.

2

Emban-emban jeung putra-putrana ditempatkeun beulah hareup. Lea jeung putra-putrana satukangeun eta. Rahel jeung Yusup pangtukangna.

3

Ari Yakub maju pangheulana seja nepangan Esau. Ti kajauhan keneh anjeunna sujud deui sujud deui nepi ka tujuh kali.

4

Tapi Esau lumpat muru, terus ngarangkul jeung nyiuman. Aranjeunna silih tangisan.

5

Ret Esau ka wanita-wanita jeung marurangkalih, pok mariksakeun, "Ari eta saha, rai?" Walon Yakub, "Sumuhun pun anak, paparin Allah ka jisim abdi."

6

Ser dua emban jeung marurangkalih ngadareuheusan ka Esau, terus marando.

7

Ser deui Lea jeung marurangkalih, seug marando. Ahirna Rahel jeung Yusup, ngadeuheusan.

8

Esau mariksa deui, "Tadi Akang ningal rombongan sejen. Kumaha eta teh maksudna?" Walon Yakub, "Sumuhun, eta sumeja kahaturkeun ka gamparan, pamugi ditampi."

9

Saur Esau, "Akang geus ngarasa cukup. Sing tetep-tetep bae eta mah di rai."

10

Walon Yakub, "Sanes kitu. Saupami leres gamparan ngangken ka jisim abdi, eta pangbakti mugi ditampi. Ningal pameunteu gamparan, jisim abdi mah asa ningal pameunteu Allah.

11

Ulah dugi ka teu ditampi eta pangbakti ti jisim abdi. Jisim abdi ku Allah parantos dipaparin pirang-pirang berkah, dugi ka gaduh sagala rupi." Ku sabab dikeukeuhan, tungtungna ku Esau ditampi.

12

Saur Esau, "Hayu atuh urang terus, Akang ti hareup."

13

Tapi saur Yakub, "Gamparan langkung tingali, eta barudak parantos lalungse. Domba sareng sapi sanesna eta oge jadi emutan, tur anak-anakna aralit keneh. Upami dipaksa dibantun gancang, sadinten oge tangtos pararaeh sadayana.

14

Mangga gamparan mulih ti payun. Abdi tangtos nuturkeun lalaunan, sagancang-gancang lakuning barudak sareng ingon-ingon, seja ngetruk dugi ka panglinggihan gamparan, di Edom."

15

Saur Esau, "Lamun sapuk, ieu balad Akang sawareh sina maturan." Walon Yakub, "Kasaean gamparan estu katampi. Nanging teu perlu dugi ka kitu."

16

Poe eta keneh Esau mulih deui ka Edom.

17

Tapi Yakub anggur terus ka Sukot. Di dinya anjeunna ngadamel bumi kitu deui kandang-kandang keur ingon-ingon. Nya ku lantaran kitu eta tempat disebut Sukot, anu hartina kandang.

18

Ti dinya, samulihna ti Mesopotami teh Yakub cunduk ka kota Sekem di tanah Kanaan. Tuluy masanggrahan di hiji lahan hareupeun eta kota.

19

Saterusna eta lahan digaleuh sabagian ti rundayan Hemor, bapana Sekem, ku pangaji saratus potong perak.

20

Ti dinya anjeunna ngadamel altar, dingaranan "El, Allah Panutan Israil".

Link: