Kajadian 34
Hiji mangsa Dinah, putra istri Yakub ti Lea, nganjang ka mojang-mojang urang dinya.
Katingal ku Sekem, putra Hemor urang Hiwi, gegeden di dinya. Dinah dipaksa dibawa, seug diperkosa.
Tapi saterusna Sekem jadi malik asih, Dinah dililipur sabisa-bisa.
Ti dinya Sekem unjukan ka Hemor ramana, "Ieu istri bade dipirabi, ku Ama panglamarkeun."
Yakub uningaeun yen Dinah geus bahla. Tapi anjeunna henteu geruh, ngantos heula putra-putrana anu keur di taregal jeung ingon-ingon.
Hemor ramana Sekem sumping ka Yakub seja badami.
Meh bareng jeung anjeunna, putra-putra Yakub oge daratang ti tegal. Pohara ngajarenghokna ku kajadian anu tumiba ka raina, sarta pada amarah. Anggapanana ngageugeuleuh putra Yakub sarua jeung ngahina luar biasa ka kaom Israil.
Hemor ramana Sekem misaur ka Yakub, "Pun anak, Sekem, cinta ka tuang putra, maksadna bade leres-leres ditikah. Nyuhunkeun ridona, mugi kawidian.
Urang sakalian bae nalikeun kawargian. Pala putra anu istri tikahkeun ka anak-anak sim kuring anu lalaki. Anak-anak sim kuring anu awewe, jodokeun ka pala putra anu pameget.
Salajengna mugi tetep renggenek di dieu. Tanahna mah kantun milih palay nu mana. Bade dagang, atanapi kagungan milik naon bae, teu aya pamenganana."
Ti dinya Sekem nyundul pihatur. Kieu saurna ka Yakub sapala putra, "Mugi aya sih citeres ka sim kuring. Mundut naon ge sumeja dicumponan.
Mangga salaurkeun palay naon. Perkawis mas kawinna sakumaha bae mangga sebatkeun. Sapamundut sumeja ditumutkeun, asal sim kuring kajodokeun ka anjeunna."
Putra-putra Yakub ngawalon ka Sekem jeung Hemor, tapi ngandung tipu daya arek ngabales ku hal raina.
Salaurna, "Teu doa gaduh dulur ditikah ku nu kulup, matak penal sakulawargi.
Kajabi ku sarat ieu: Anjeun, kitu deui sakur lalaki di anjeun, kedah disarunatan heula sapertos kaom sim kuring.
Ari parantos kitu mah taya pamenganana lalaki kaom anjeun ngajarodo ka awewe kaom sim kuring, lalaki ti kaom sim kuring ngajarodo ka awewe kaom anjeun, sarta kaom sim kuring sumeja tetep renggenek di aranjeun, ngajadi sakaom.
Upami ieu sarat henteu karujukan, teu kersa disarunatan, pun dulur bade dibantun wangsul ti ditu."
Ku pamendak Hemor jeung Sekem eta sarat geus sapantesna.
Nonoman Sekem, anu di kulawargana jadi pangutamana, henteu panjang nimbang-nimbang, harita keneh nyatujuan.
Geus kitu Hemor jeung Sekem arangkat ka tempat gempungan di gapura kota, sasauran ka warga kotana, saurna,
"Aranjeunna jalma-jalma nu harade hate. Keun sina maratuh saenggon di tanah urang, bebas wara-wiri. Tanah urang lega keneh, cukup keur aranjeunna oge. Anak-anakna anu awewe karawin ku urang, anak-anak urang anu awewe sina dikarawin ku itu.
Maranehna daraekeun maratuh ngahiji jeung urang, ngan aya saratna sarupa, nya eta lalaki urang kabeh kudu disarunatan sakumaha maranehanana.
Lain bakal jadi anu urang ingon-ingonna jeung sagala kabogana teh? Anu matak keun maranehanana sina caricing di urang."
Warga eta kota kabeh satuju kana kasauran Hemor jeung Sekem kitu, sarta seug sakur anu lalaki mah kabeh disarunatan.
Tilu poe ti sanggeus maranehna disarunatan, keur meumeujeuhna nyeri, aya putra Yakub duaan, Simeon jeung Lewi raka-rakana Dinah tea nyulumun ka jero kota ngajingjing gobang, sarta terus ngamuk maehan lalaki-lalaki urang dinya,
kaasup Hemor jeung Sekem, ari Dinah dibawa balik ti imah Sekem.
Sanggeus eta putra-putra Yakub nu sejenna ngaranjah kota mangmaleskeun saderekna anu istri anu geus dinajiskeun.
Maranehna nyarokotan embe jeung domba, sapi, kalde, jeung sagala rupa deui boh nu dijero kota, boh nu di tegalan.
Rajakaya harta banda urang dinya, kitu deui wanita-wanita jeung barudak dirayah dijarah, imah-imah urang dinya sagala eusina diringkid.
Simeon jeung Lewi ku Yakub diseukseukan, saurna, "Maraneh wungkul nyusahkeun ka Ama. Urang dieu, urang Kanaan jeung urang Pares bakal ngamusuh ka Ama. Upama maranehna sakait ngahiji terus ngabales ngagempur, urang kabeh bakal tumpur, sabab balad Ama henteu loba."
Tapi putra-putrana ngawalon, "Abdi henteu suka gaduh adi digeugeuleuh sapertos ka awewe palacuran bae."