Kajadian 36
Ieu turunan-turunan Esau, anu disebut oge Edom:
Esau nikah ka urang kanaan, ka Adah binti Elon urang Het, jeung ka Oholibama binti Ana, putu Sibeon urang Hiwi,
jeung ka Basmat binti Ismail, rayina Nebayot.
Putra Esau ti Adah nya eta Elipas, ti Basmat putrana teh Rehuel.
Ari ti Oholibama putrana teh Yehus, Yalam jeung Korah. Eta putra-putra Esau anu lalaki, dilahirkeunana kabeh di tanah Kanaan.
Ti dinya garwa-garwana, pala putra lalaki awewe kitu deui sakabeh jiwa eusi bumina, katut ingon-ingon jeung sakabeh babandaanana beubeunangan ti tanah Kanaan, ku Esau dicandak ka tanah sejen, ngantunkeun Yakub rayina.
Pangna ngalih, lantaran eta tanah geus taya petana bisa dicalikan reureujeungan, kawantu rajakaya jeung ingon-ingon masing-masing kacida lobana.
Ku sabab kitu Esau matuhna teh di pagunungan Edom.
Ieu turunan Esau, karuhun bangsa Edom.
Elipas, putra ti geureuha nu ngaran Adah, kagungan putra lima lalaki nya eta: Téman, Omar, Sepi, Gatam jeung Kenas. Aya deui putra lalaki ngaranna Amalek, ieu mah putra ti parekan, Timna. Rehuel, putra Esau ti geureuha nu ngaran Basmat, kagungan opat putra lalaki nya eta: Nahat, Serah, Syama jeung Misa.
(36:10)
(36:10)
(36:10)
Ari ti geureuha nu ngaran Oholibama binti Ana putu Sibeon, putrana Yehus, Yalam jeung Korah tea.
Ieu kaom-kaom turunan Esau: Putra Esau anu cikal, Elipas tea, jadi karuhun kaom Téman, kaom Omar, kaom Sepo, kaom Kenas,
kaom Korah, kaom Gatam, jeung kaom Amalek. Eta kabeh turunan Esau ti geureuhana nu ngaran Adah.
Ari putrana anu jenengan Rehuel, jadi karuhun kaom Nahat, kaom Serah, kaom Syama jeung kaom Misa. Eta kabeh turunan Esau ti geureuhana nu ngaran Basmat.
Turunan Esau ti geureuhana nu ngaran Oholibama binti Ana nya eta kaom Yehus, kaom Yalam jeung kaom Korah.
Eta kaom-kaom kabeh turunan Esau, Edom tea.
Pribumi asli tanah Edom dibagi ku kaom-kaom nurutkeun ngaran luluhurna, putra-putra Seir urang Hori, nya eta: Lotan, Sobal, Sibeon, Ana, Dison, Eser, jeung Disan.
(36:20)
Lotan jadi karuhun kaom Hori jeung kaom Heman. (Lotan kagungan saderek istri, Timna.)
Sobal jadi karuhun kaom Alwan, kaom Manahat, kaom Ebal, kaom Syepo jeung kaom Onam.
Ari Sibeon kagungan dua putra lalaki, nya eta: Aya jeung Ana. (Ana teh anu manggih sababaraha cinyusu di gurun keusik basa keur ngangon kalde anu ramana.)
Ana teh ramana Dison, karuhun warga-warga Hemdan, Esban, Yitran, jeung Keran. Ana kagungan oge putra istri, jenenganana Oholibama.
(36:25)
Ari putra-putra Eser nya eta Bilhan, Saawan jeung Akan.
Ari putra-putra Disan nya eta Us jeung Aran.
Ieu ngaran kaom-kaom Hori di tanah Edom, nya eta: Lotan, Sobal, Sibeon, Ana, Dison, Eser, jeung Disan.
(36:29)
Samemeh anak putu Israil boga raja, tanah Edom teh patuturut diparentah ku raja-raja bangsa Edom. Raja anu mimiti marentah di tanah Edom nya eta: Bela bin Beor, ti Dinhaba. Yobab bin Serah ti Bosra. Husam ti wewengkon Téman. Hadad bin Bedad ti Awit, anu ngelehkeun urang Midian di tanah Moab. Samla ti Masreka. Saul ti Rehobot sisi walungan. Baal Hanan bin Akbor. Hadad ti Pahu (garwaanana ka Mehetabel putra Matred putuna Mesahab).
(36:31)
(36:31)
(36:31)
(36:31)
(36:31)
(36:31)
(36:31)
(36:31)
Ari kaom-kaom Edom turunan Esau, nurutkeun kaomna masing-masing, tanah pamatuhanana masing-masing, sanagarana-sanagarana, nya eta: Kaom Timna, kaom Alwa, kaom Yetet,
kaom Oholibama, kaom Ela, kaom Pinon;
kaom Kenas, kaom Téman, kaom Mibsar,
kaom Magdiel, kaom Iram. Ngaran-ngaran tanah pamatuhan tiap-tiap kaom katelah ku ngaran kaomna masing-masing.