:

Kajadian 37

1

Ari Yakub matuhna di tanah tempat ramana ngumbara, Kanaan tea.

2

Ieu lalakon anjeunna saterusna. Yusup geus jadi nonoman yuswa 17 taun. Sok ngiring ngangon jeung saderek-saderekna anu lahir ti parekan ramana, Bilha jeung Silpa tea. Mun aya kalakuan saderek-saderekna anu goreng, ku anjeunna sok dicarioskeun ka ramana.

3

Yakub nyaahna ka Yusup leuwih ti batan ka putra-putra sejenna, kawantu dilahirkeunana sanggeus anjeunna sepuh. Seug dipangdamelkeun raksukan anu warna-warni.

4

Ku sabab sakitu diugung-ugungna, saderek-saderekna pohara mikangewana, nyaritana oge ka Yusup mah tara aya leuleuy-leuleuyna.

5

Hiji mangsa Yusup nyarioskeun impian. Saderek-saderekna beuki arijideun.

6

Kieu saur Yusup, "Abdi ngimpi.

7

Urang keur marangkek gandum di huma. Dak dumadak beungkeutan gandum abdi hudang terus nangtung. Ari beungkeutan-beungkeutan gandum nu Akang terus ngararubung sarta sarujud ka nu abdi."

8

"Jadi maneh teh ngira rek jadi raja jeung marentah ka dewek kabeh?" saur saderek-saderekna anu beuki arijideun, pedah Yusup ngimpi kitu jeung nyaritakeun eta impian ka maranehanana.

9

Teu lila, Yusup nyarioskeun impian deui ka saderek-saderekna, "Abdi ngimpi deui. Panonpoe, bulan sareng bentang sawelas sarujud ka abdi."

10

Ka ramana oge dicarioskeun, atuh diwewelingan, saurna, "Ngimpi naon eta teh! Piraku Ibu, dulur-dulur, kitu deui Ama kudu sarujud ka Enung?"

11

Saderek-saderekna beuki ngunek-ngunek. Tapi ari ramana mah teu weleh ngamanahan.

12

Dina hiji poe, waktu saderek-saderek Yusup keur ngangon embe jeung domba ramana di Sekem,

13

Yakub ngalahir ka Yusup, "Dulur-dulur Enung keur ngarangon di Sekem. Enung ku Ama arek dititah ka ditu." "Mangga," saur Yusup.

14

Saur ramana deui, "Jung longok dulur teh ku Enung, naha calageur, kumaha ingon-ingon marulus? Geus kitu Enung mah balik deui bae, bebeja ka Ama." Bral Yusup angkat ti Hebron, piwarangan ramana. Cunduk ka Sekem,

15

Yusup udar-ider milarian. Jol aya nu nyampeurkeun, terus nanya, "Neangan saha, Ujang?"

16

Yusup, "Milarian dulur-dulur, nuju ngarangon di wewengkon ieu. Manawi uninga, di mana?"

17

Jawabna, "Geus parindah. Kadengena mah badamina teh rek ka Dotan." Ku Yusup disusul ka Dotan, kapendak.

18

Ti kajauhan keneh ku saderek-saderekna geus katembong. Seug pada sakait, Yusup rek dipaehan.

19

Salaurna, "Tuh si tukang ngimpi!

20

Urang paehan, bangkena alungkeun ka jero sumur. Bejakeun bae dihakan ku sato galak. Hayang nyaho impianana teh bukti atawa moal."

21

Omongan maranehanana kadengeeun ku Rubin sarta manehna hayangeun nulungan Yusup. Pok ngomong, "Ulah dipaehan.

22

Asupkeun bae ka ieu sumur di tanah gurun, ulah dirogahala." Maksud Rubin, Yusup rek dihanjatkeun ririkipan sina terus mulang ka ramana.

23

Barang Yusup cunduk, bol-bol dijewang raksukanana ku saderek-saderekna.

24

Kek direjeng, tuluy diasupkeun kana sumur saat.

25

Tas kitu, saderek-saderekna terus bararang dahar. Sabot ngariung, aya kapilah kaom Ismail ngaliwat, tas ti tanah Gilad. Onta-ontana pinuh dimomotan ku damar jeung bungbu-bungbuan rek dibawa ka Mesir.

26

Saur Yuda, "Naon untungna maehan dulur tur kudu rarasiahan?

27

Mending urang jual si Yusup teh tuh ka kaom Ismail, ti batan dipergasa mah. Di lain-lain oge manehna teh dulur urang, tunggal sagetih sadaging." Dulur-dulurna rempug.

28

Sanggeus sudagar-sudagar urang Midian tea dareukeut, Yusup dihanjatkeun ku saderek-saderekna, terus dijual ka eta sudagar-sudagar, pangaji dua puluh potong perak, terus dibawa ka Mesir.

29

Rubin ka sumur deui, terus nempoan. Barang katangen yen Yusup geus teu aya, Rubin nyosoek pakeanana awahing ku sumpeg.

30

Terus mariksa ka saderek-saderekna, saurna, "Dikamanakeun budak teh? Kumaha ari geus kieu?"

31

Sanggeus badami, maranehna meuncit embe hiji. Raksukan Yusup dicelupkeun kana getih embe.

32

Tuluy disanggakeun ka ramana bari akon-akon, "Abdi mendakan ieu. Leres kitu ieu teh raksukan putra Ama?"

33

Ramana apal kana eta raksukan, tuluy ngalahir, "Enya geuning pakean anak kami! Anak kami dihakan ku sato galak! Moal salah Yusup geus disasaak!"

34

Yakub nyosoeh anggoanana awahing ku nalangsa, tuluy salin ku anggoan tina kaen karung. Lila pisan anjeunna ngaraos nalangsana ku hal Yusup teh.

35

Putra-putrana istri pameget kabeh ngalilipur, tapi anjeunna teu kersaeun dililipur, sarta saurna, "Masing nepi ka dug ka kubur oge kami arek terus nyeungceurikan eta anak kami." Jadi anjeunna terus bae kaleleban ku Yusup putrana.

36

Ari Yusup, di Mesirna ku urang Midian teh dijual ka Potipar, kapala kawal karaton raja.

Link: