Kajadian 38
Harita Yuda indit ninggalkan dulur-dulurna, ngadon cicing di hiji jelema anu ngaran Hirah, anu asalna ti Adulam.
Hiji mangsa nenjo hiji wanita, anakna urang Kanaan nu ngaran Sua, tuluy dikawin.
Sanggeus kakandungan terus ngalahirkeun, anakna lalaki, dingaranan Er.
Boga deui anak, lalaki, dingaranan Onan.
Anakna anu katilu lalaki deui, dingaranan Selah. Waktu Selah lahir, Yuda geus pindah ka Kesib.
Pikeun bojo putra cikalna anu ngaran Er, Yuda milih Tamar.
Tapi Er nyieun pibendueun PANGERAN, nyieun hiji kajahatan. Ku sabab kitu ku PANGERAN dicabut nyawana.
"Eta randa akangna teruskeun pirabi ku maneh," ceuk Yuda ka Onan dulurna Er. "Wajiban sakumaha mistina, neruskeun kawajiban akangna, supaya lanceuk maneh aya turunanana."
Ari Onan, ku sabab nyaho yen anak ti eta awewe lain eukeurna, nu matak unggal sapatemon jeung eta, cimanina sok dikana taneuhkeun, ngarah lanceukna teu boga turunan.
PANGERAN bendu, nu matak Onan oge dicabut nyawana.
Ceuk Yuda ka Tamar, "Balik bae heula ka bapa Nyai, ngadago Selah anak bapa akil baleg." Nitah kitu soteh pedah risi, bisi Selah oge dicabut nyawana kawas lanceuk-lanceukna. Tamar balik ka bapana.
Rada lila ti harita, bojo Yuda tea maot. Sanggeus waktu-waktu sungkawana kaliwat, Yuda indit ka Timna, duaan jeung Hirah sobatna, urang Adulam tea, rek nyukuran domba.
Aya nu bebeja ka Tamar, pokna, "Mitoha Nyai ayeuna keur ka Timna, rek nyukuran domba."
Tamar dangdan, papakean rarandaanana diganti ku pakean biasa, ari beungeutna buni make cindung. Bral leumpang ka Enaim, hiji lembur sisi jalan ka Timna, tuluy ngajanteng di lebah kaca-kaca. Tamar geus nyahoeun yen Selah anak Yuda nu lalaki ayeuna geus sawawa, tapi tacan bae diamprokkeun ka manehna.
Ana katenjo ku Yuda, panyanana awewe bangor. Teu wawuheun kawantu buni dicindung.
Ku Yuda disampeurkeun ka sisi jalan. Ceuk Yuda, "Nyai, urang pelesir." Panyanana lain minantuna. Tembal Tamar, "Bade ku naon mayarna?"
Ceuk Yuda, "Ku embe bae, engke ku Akang dikirimkeun." "Mangga," tembal Tamar, "nanging kedah nganggo barang tanggungan, kangge tawis moal jalir."
Ceuk Yuda, "Hayang ku naon?" Tembal Tamar, "Ku eta bae, cap sareng rantayna, sareng eta teteken." Sok barangna diserenkeun, tuluy sapatemon. Lila-lila Tamar ngandung.
Harita Tamar tuluy balik, cindungna dibuka, rap make deui pakean rarandaanana.
Ti dinya Yuda ngirimkeun embe keur pamayar, dianteurkeun ku sobatna urang Adulam tea sarta barang nu dipake tanggungan kudu dipenta. Tapi anu diteang teu kapanggih.
Seug ditanyakeun, "Di mana rorompokna awewe bangor urang Enaim teh?" Jawabna, "Da di dieu mah ti kapungkur oge teu aya awewe bangor."
Sobat Yuda balik, bebeja, "Teu kapanggih. Ceuk katerangan, ti bareto oge di dinya mah teu aya awewe bangor."
Ceuk Yuda, "Kajeun atuh. Hanas barang lapur, geus bae teu kudu dipapay, bisi matak disaleungseurikeun. Boro dikirim embe, ari heug henteu kapanggih."
Heuleut tilu bulan aya anu bebeja ka Yuda, pokna, "Nyi Tamar, mantu Bapa, gaduh kalakuan sapertos awewe bangor, ayeuna keur ngandung." Jawab Yuda, "Duruk awakna, sina paeh."
Waktu rek diduruk, Tamar nitahan jelema sina ngomong ka mitohana, kieu, "Abdi ngandung teh ku lalaki anu gaduh barang ieu: Cap sareng rantayna, sareng teteken. Mangga barangna tingalian."
Yuda ujug-ujug wawuh kana barangna. Ceuk Yuda, "Bener manehna, aing nu salah. Henteu buru-buru dikawinkeun ka Selah anak aing." Ti harita, tetep Yuda henteu sapatemon deui jeung Tamar.
Barang geus deukeut kana waktuna Tamar ngalahirkeun, kanyahoan yen kakandunganana kembar.
Waktuna keur diheujeunkeun, orok nu hiji kaluar leungeunna heula. Ceg ku parajina dicekel, tuluy leungeunna dibeungkeut ku benang beureum, sarta ceuk parajina, "Ieu lanceukna."
Tapi eta leungeun teh ngalepot deui, ana borojol anu kaluar teh orok nu hiji deui. Ceuk parajina, "Na utun, bedas-bedas teuing ngaborojol teh!" Ku kituna seug dingaranan Peres.
Ti dinya kakara nu hiji deui kaluar, anu leungeunna geus dibeungkeut ku benang beureum tea. Tuluy dingaranan Serah.