:

Kajadian 39

1

Geus dicaritakeun yen Yusup ku kaom Ismail dibawa ka Mesir, terus digaleuh ku Potipar, kapala kawal karaton.

2

Tapi Yusup disarengan ku PANGERAN, sagala lampahna mulus. Ari cicingna di gedong juraganana, urang Mesir tea.

3

Juraganana geus waspada yen Yusup ditangtayungan ku PANGERAN, da sagala cabakna ngan kabiruyungan bae.

4

Ngagandekna ku Potipar kaanggo pisan, nepi ka diangkat jadi purah ngurus gedong katut eusina sapuratina.

5

Ti semet diurus ku anjeunna rajakaya jeung harta banda eta urang Mesir teh aya berkah ti PANGERAN, boh nu aya di gedong boh nu aya di kebon.

6

Saniskara urusan ku Potipar diselehkeun ka Yusup, anjeunna mah geus tara pipilueun, iwal ti urusan tuangeun keur salirana. Ari Yusup nya kasep nya tegep dedeganana.

7

Lila-lila geureuha juraganana kapincut, ka Yusup rajeun melong, tungtungna waleh, saurna, "Urang ngedeng jeung kami."

8

Ku Yusup ditolak, saurna, "Abdi ku juragan pameget parantos dipercanten ngurus gedong saeusina, anjeunna mah tara milu-milu uninga. Sagala kagunganana sina diurus ku abdi.

9

Sagala rupi di ieu gedong dikawasakeun ka abdi, teu aya anu diulahkeun, lintang ti ka juragan istri, geureuhana. Paliyas abdi ngabales ku lampah anu sakitu kotorna tur matak dosa ka Allah."

10

Unggal-unggal poe eta istri teh ngagoda bae, tapi Yusup tagen teu kasasarkeun, pangajak juragan istri teu didangu.

11

Ari dina hiji poe, waktu Yusup rek nedunan papancen, di gedong teh sepi teu aya sasaha.

12

Gep juragan istri ngajewang ka Yusup kana anggoanana, sarta saurna, "Sok, urang ngedeng jeung kami." Yusup nerejel terus lumpat kaluar, kari raksukanana bae dicecepeng ku juragan istri.

13

Barang eling yen keur nyenyepeng eta raksukan sarta Yusupna lumpat,

14

juragan istri ngagorowok ka pagawe-pagawe gedong. Ti dinya saurna, "Deuleu ieu! Juragan pameget ngasupkeun eta urang Ibrani ka gedong, kari-kari eta jelema teh jadi kurang ajar. Bieu asup ka kamar kami, ngajak serong. Kami jejeritan.

15

Ku sabab kami jejeritan, manehna ngagurinjal terus kabur kaluar. Ieu bajuna, katinggaleun di gigireun kami."

16

Eta raksukan ku anjeunna disimpen nepi ka juragan pameget sumping.

17

Nyariosna ka carogena oge kawas tadi bae, saurna, "Eta badega Akang, urang Ibrani tea anu ku Akang dicandak ka gedong, tadi asup ka kamar abdi bari teu uni, niatna ngaheureuyan ka abdi.

18

Ku margi abdi jejeritan, manehna kabur kaluar, papakeanana tinggaleun di kamar."

19

Dunungan Yusup pohara benduna.

20

Yusup ku anjeunna ditangkep terus diselehkeun ka panjara, paranti ngabui sakitan-sakitan anu dihukum ku raja.

21

Tapi Yusup ditangtayungan ku PANGERAN nepi ka jadi kanyaah sipir, meunang kurnia,

22

dipercaya ngurus sakitan-sakitan sejenna. Yusup enya-enya pisan ngajalankeun papancenna.

23

Sipirna mah geus tara nyaho-nyaho, kabeh kumaha Yusup bae, tina katembong mulus sagala lampahna, lantaran ditangtayungan ku PANGERAN.

Link: