:

Kajadian 47

1

Yusup ngadeuheus ka raja nyandak saderekna limaan, seug unjukan kieu, "Pun bapa sareng dulur-dulur parantos darongkap ti Kanaan. Pipiaraanana oge sareng sagala kagaduhna dibarantun ka dieu, ayeuna parantos araya di Gosen."

2

Geus kitu Yusup ngunjukkeun saderek-saderekna tea ka raja.

3

Raja mariksa, "Naon pagawean maraneh?" Wangsulanana, "Abdi Gusti sadayana tukang angon, tumut ti karuhun.

4

Darongkap ka nagara Gusti, sumeja ngiring cicing di Mesir, wireh tanah Kanaan katarajang paceklik hebat, parantos teu aya jukut-jukut acan kangge ingon-ingon. Nyuhunkeun piwelas Gusti, sumeja ngiring cicing di tanah Gosen."

5

Raja ngalahir ka Yusup, "Rama jeung dulur-dulur kang putra geus araya di kang putra.

6

Tanah-tanah di Mesir aya dina kawasa kang putra. Pilih anu pangsuburna keur anjeunna jeung dulur-dulur. Harayangeun matuh di Gosen, teu aya halangan. Jeung upama ti dulur-dulur kang putra aya anu boga kamampuhan, hade sina ngurus ingon-ingon kami."

7

Yusup ngadeuheuskeun oge Yakub ramana, ka raja. Yakub ngucapkeun wilujeng ka raja.

8

Ku raja dipariksa, "Sabaraha taun umur Bapa?"

9

Waler Yakub, "Sumuhun parantos 130 taun, salamina mung ngumbara. Upami dibandingkeun sareng karuhun-karuhun anu sami-sami tukang ngumbara, umur Bapa mah kalintang pondokna, sareng teu kendat dipuuk ku kasusah."

10

Tutas ngadeuheus, Yakub neda undur ti payuneun raja.

11

Anjeunna ku Yusup geus dipatuhkeun di Mesir, kitu deui saderek-saderekna, dipaparin tanah milik anu pangalusna, pernahna di Rameses, numutkeun timbalan raja.

12

Keur kaperluan tedaeunana, boh ramana, boh saderek-saderekna, katut sakumna pamili ramana nepi ka anu pangorana, dibayuan ku Yusup.

13

Paceklik beuki hebat. Saalam dunya teu boga dahareun. Rahayat Mesir jeung urang Kanaan, awakna enggeus lalungse nandangan kalaparan.

14

Ti dinya Yusup ngumpulkeun duit sisimpenan urang Mesir jeung urang Kanaan, anu disimpen keur mareuli gandum, tuluy dicandak ka karaton raja.

15

Sanggeus urang Mesir jeung urang Kanaan teu baroga deui duit sama sakali, urang Mesir daratang ka Yusup. "Nyuhunkeun tedaeun," pokna. "Abdi-abdi ulah diantep sina paraeh langlayeuseun. Artos oge parantos teu gaduh pisan. Tulungan, Gusti!"

16

"Bawa ingon-ingon maraneh. Ke ku kami ditukeuran ku kadaharan ari geus teu baroga duit mah," waler Yusup.

17

Ahirna maranehna murubul marawa ingon-ingon ka Yusup, nu mawa kuda, nu mawa domba atawa embe, nu mawa sapi, nu mawa kalde, ditalukeurkeun kana bahan pangan. Sataun lilana kitu jeung kitu ngabagi-bagi bahan panganna, ditukeur jeung ingon-ingon.

18

Dina taun sanggeusna, rahayat pada waleh ka anjeunna, pokna, "Gusti, abdi-abdi waleh bae. Artos seep, ingon-ingon seep, sadayana parantos kacepeng ku Gusti. Abdi-abdi parantos teu gaduh serenkeuneun deui, kajabi ti tanah sareng badan sakujur.

19

Abdi-abdi ulah diantep sina maraot, enggal jait! Tanah abdi-abdi ulah dugi ka gaplah jeung gapong. Ieu diri abdi-abdi galeuh, tanah abdi-abdi candak, liron sareng tedaeun. Sawios jadi badega raja sinareng lahan sawios jadi kagunganana, asal dipaparin binih, sangkan ulah maraot ku kalaparan, sareng lahan ulah kantos jadi keri."

20

Seug sakabeh lahan di Mesir ku Yusup digaleuh baris ka raja, kawantu ku nu barogana dijarual, ku tina banget-bangetna paceklik. Sakabeh tanah sakuliah nagara geus jadi kagungan raja.

21

Ari rahayat, ti tungtung Mesir nepi ka tungtung Mesir deui ku Yusup digarawekeun jaradi kuli.

22

Tanah anu teu digaleuh ngan tanahna para imam. Para imam mah teu kungsi ngajarual tanah, kawantu mareunang sokongan anu baku ti raja.

23

Pilahir Yusup ka rahayat, "Poe ieu, maraneh jeung lahan-lahan maraneh enggeus dibeuli ku kami, haturan raja. Ieu binih keur maraneh, lahan-lahan teh pelakan.

24

Lamun geus panen, kudu diserenkeun pikeun raja, saperlimana. Sesana pake keur ngabinihan deui, jeung keur dahareun maraneh katut sanak kulawarga."

25

Rahayat ngajarawab, "Gusti parantos mintonkeun kasaean, numbu umur abdi-abdi. Abdi-abdi sumeja pasrah diri jadi kuli-kulina raja."

26

Ti dinya Yusup ngadamel undang-undang tanah pikeun nagara Mesir, nya eta saperlima tina hasil tanah kudu diserenkeun ka raja. Ieu undang-undang tug nepi ka kiwari jalan terus. Ngan tanahna para imam anu henteu jadi milik raja teh.

27

Urang Israil enggeus tumetep di Mesir di wewengkon Gosen. Geus balaleunghar jeung anak baranahan.

28

Ari Yakub mukimna di Mesir tujuh belas taun, nepi ka yuswa 147 taun.

29

Yakub geus ngaraos baris tereh-tereh pupus, tuluy nyaur Yusup putrana, pok ngalahir, "Ama menta Enung sumpah. Tumpangkeun leungeun Enung kana tetepokan Ama, tuluy ikrar masing enya-enya, yen Enung seja ngestokeun wasiat Ama. Ama ulah dikubur di Mesir.

30

Ama hayang dikubur di makam karuhun. Ama kudu dipindahkeun ti Mesir, kubur di makam para luluhur." Yusup ngawaler, "Wasiat Ama tangtos diestokeun pisan."

31

Saur Yakub, "Sumpah heula ka Ama, yen Enung seja ngestokeun." Ti dinya Yusup sumpah. Terus Yakub tumungkul dina pangkulemanana lajeng ngucap sukur.

Link: