Kajadian 48
Teu lila ti harita Yusup kenging wartos yen ramana teu damang. Bral anjeunna angkat seja ngalayad Yakub disarengan ku putrana Menase jeung Epraim.
Barang Yakub terangeun yen putrana Yusup geus sumping seja ngalayad maksakeun calik dina pangkulemanana.
Ti dinya saurna ka Yusup, "Allah Nu Maha Kawasa bareto nembongan sarta ngaberkahan ka Ama di Lus, di tanah Kanaan.
Kieu dawuhana-Na, ‘Maneh ku Kami baris dibere anak loba pisan, sarta turunan maneh baris pijadieun rupa-rupa bangsa; tanah ieu ku Kami rek diserenkeun ka turunan maneh geusan jadi milikna salalawasna.’"
Saur Yakub deui, "Yusup, dua anak hidep, Epraim jeung Menase dijurukeun di Mesir samemeh Ama aya di dieu, duanana oge rek diaku anak, sakumaha Rubin jeung Simeon.
Upama hidep boga deui anak, Ama moal rek mikahayang; ari warisan mah maranehanana oge baris meunang ti Epraim jeung Menase.
Maksud Ama kitu teh lantaran inget ka ibu hidep Rahel. Basa ibu hidep maot di tanah Kanaan teu jauh ti Eprata, keur Ama balik ti Mesopotami, Ama teh kacida nalangsana. Ibu teh ku Ama dikurebkeun di sisi jalan nu ka Eprata." (Eprata teh kiwari mah katelah Betlehem.)
Barang ret Yakub ningal ka putra Yusup anu dua tea, seug mariksa, "Ari ieu barudak teh saha?"
Waler Yusup, "Ieu teh duanana oge pun anak, nu diganjarkeun ka abdi ku Gusti Allah di dieu, di tanah Mesir." Ari saur Yakub, "Asrogkeun ka Ama, ku Ama rek diberkahan."
Ari Yakub teh socana geus teu pati awas bakat ku sepuh. Ku Yusup barudak dicaketkeun ka ramana. Tuluy barudak teh dirangkul bari digalentor.
Ti dinya saur Yakub ka Yusup, "Satadina Ama teh geus taya harepan yen baris pipanggiheun deui jeung hidep. Kari-kari ayeuna ku Allah ditepungkeun pisan jeung anak-anak hidep sagala."
Ti dinya barudak teh ku Yusup dicandak tina pangkonan ramana, seug anjeunna sujud di payuneun ramana.
Geus kitu Epraim ku Yusup diperenahkeun di kiwaeun Yakub ari Menase di tengeneunana.
Tapi Yakub teh bet anggur numpangkeun pananganana nu tengen kana sirah Epraim anu umurna leuwih ngora; ari panangan kiwana ditumpangkeun kana sirah Menase, lanceukna.
Tuluy Yusup diberkahan ku anjeunna, saurna, "Mugia ieu barudak diberkahan ku Allah, anu disembah ku aki jeung bapa kaula Ibrahim jeung Ishak! Mangka maranehna diberkahan ku Allah nu geus nyarengan kaula nepi ka ayeuna!
Mangka diberkahan ku malaikat, nu geus ngajait kaula tina sagala bahla! Mugia ngaran kaula, kitu deui jenengan Aki Ibrahim jeung Bapa Ishak masing bisa tuluy-tumuluy ku lantaran ieu barudak! Mugia maranehna sing loba anak, ceuyah turunan!"
Barang Yusup ningali yen panangan ramana anu katuhu ditumpangkeun kana sirah Epraim, anjeunna ngarenjag; tuluy panangan ramana dipindahkeun kana sirah Menase,
bari saurna ka ramana, "Sanes kitu, Ama! Anu ieu anu langkung kolot; panangan Ama anu tengen kedah ka anu ieu ditumpangkeunana!"
Tapi ceuk ramana, "Ama oge nyaho, anaking, nyaho. Turunan Menase ge pijadieun bangsa gede. Tapi turunan adina bakal leuwih punjul ti manehanana sarta turunanana bakal pijadieun bangsa-bangsa gede."
Seug eta barudak anu dua teh poe eta diberkahan. Saurna, "Ngaran maraneh bakal dipake ku urang Israil dina keur ngucapkeun berkah. Piucapeunana: ‘Muga maraneh ku Allah dikersakeun ngajadi saperti Epraim jeung Menase.’" Jadi berkah anu dipaparinkeun ku Yakub ka Epraim teh leuwih mulya ti batan nu dipaparinkeun ka Menase.
Geus kitu saur Yakub ka Yusup, "Anaking, Ama teh moal lila deui oge mulang ka kalanggengan, tapi hidep baris tetep disarengan ku Allah sarta bakal dipulangkeun ka tanah karuhun hidep.
Tanah Sekem anu subur, beunang Ama ngarebut ti urang Emor ku pedang jeung gondewa teh pikeun hidep, lain pikeun dulur-dulur hidep."