:

Kajadian 49

1

Yakub ngumpulkeun putra-putrana tuluy ngalahir, "Ka darieu kumpul, Ama rek ngucapkeun hal-hal anu bakal kasorang ku maraneh engke ka hareup:

2

Ka darieu kumpul, regepkeun, he anak-anak Yakub. Regepkeun ieu bapa maraneh Israil.

3

Rubin, anak kami anu cikal, maneh wujud kabedasan kami anak kahiji ti kalalakian kami. Pangangkuhna jeung pangbedasna ti antara anak-anak kami.

4

Maneh saibarat caah rongkah, tapi hamo jadi anu pangutamana, sabab maneh geus ngedengan selir kami ngunghak kana pangsarean kami.

5

Simeon jeung Lewi adi lanceuk. Maranehanana nyikep pakarang pikeun katelengesan.

6

Kami moal miluan rarasiahanana, moal miluan babadamianana, sabab sajeroning ambek maranehanana maehan jalma jeung ngabajegan sapi-sapi sakadar keur karesepan.

7

Ambekna sing kasapa, tina kacida bengisna, amarahna sing kasapa, tina kacida kejemna. Ku kami rek disina pabencar di satanah Israil. Disina pabuyar di tengah bangsana.

8

Yuda, maneh bakal dipuji ku dulur-dulur. Musuh-musuh ku maneh dicerek pundukna. Dulur-dulur ka maneh bakal rarengkuh.

9

Yuda saibarat singa, maehan mamangsanna seug asup kana dungusna, ngendorkeun urat seug ngagelehe. Taya nu wani ngaganggu.

10

Yuda bakal nyangking iteuk karajaan, turunanana bakal marentah salalawasna. Bangsa-bangsa bakal marere upeti tunduk deku di hareupeunana.

11

Seug manehna nyangcang kalde ngora kana hiji tangkal anggur, anu buahna pangalus-alusna. Ngupyakkeun pakeanana kana cianggur anu warnana beureum getih.

12

Panonna sumorot euceuy ku nginum anggur, huntuna bodas ku nginuman susu.

13

Sebulun bakal matuh di sisi laut. Basisirna jadi palabuan kapal-kapal. Wewengkonna nepi ka Sidon.

14

Isaskar mo leuwih senang ti kalde, keur depa ge teu lesot tina momotna.

15

Tapi nyahoeun yen tempat reureuhna hade tur tanahna pikaresepeun. Seug ngajurungkunung ngangkat momotanana kawantu nu kumawula, tukang nadah gawe beurat.

16

Dan bakal kawasa marentah rahayatna. Maranehanana ge kawas kaom-kaom Israil sejenna.

17

Dan bakal saibarat oray di sisi jalan, oray matih di jalan gupit. Macok kana keuneung kuda, nepi ka anu tumpakna ragrag tijengkang.

18

Abdi ngantos salamet ti Anjeun, PANGERAN.

19

Gad bakal ditempuh ku gorombolan rampog, tapi bakal malik ngudag ka nu nempuh.

20

Aser, tanahna bakal beunghar ku dahareun. Bisa ngayakeun anu surup keur tuangeun raja.

21

Naptali saibarat uncal bikang anu lumpatna lugina, anak nu bakal dijurukeunana bakal lalucu.

22

Yusup saibarat kalde linghas sisi cinyusu. Saibarat anak kuda giras di lamping pasir.

23

Musuh-musuhna nempuh kacida rosana, ngudag bari mawa gondewa reujeung panah.

24

Tapi gondewa Yusup angger tanggoh, leungeunna aya anu ngabedaskeun, bedas ku kawasa Nu Maha Kawasa, Allahna Yakub, ku nu jadi Pangangon, Panyalindungan Israil.

25

Allah bapa maneh anu mitulung ka maneh, Allah Nu Maha Kawasa anu ka maneh ngaberkahan ku hujan ti awang-awang jeung cai anu jarero ti jero bumi, dipaparin pirang-pirang sapi jeung anak,

26

dipaparin gandum jeung kekembangan, dipaparin gunung-gunung jaman purwa, dipaparin kabetah ti pasir-pasir abadi. Ieu berkah-berkah masing tumetep mayungan sirah Yusup, ngauban halis jelema nu pangunculna ti sakabeh dulur-dulurna.

27

Binyamin saibarat ajag anu kacida galakna. Isuk, sore, ngarubuhkeun jeung ngahakan mamangsan."

28

Sakitu dua belas kaom Israil teh. Kitu ungelna ucap pamitan ramana anu dilahirkeunana saluyu keur masing-masing dirina.

29

Ti dinya Yakub wewekas, "Ama ayeuna rek mulang, nyusul warga-warga Ama ka alam kubur. Layon Ama hijikeun jeung bapa Ama di guha kuburan di tanahna Epron urang Het,

30

di Makpela wetaneun Mamre, di tanah Kanaan. Eta guha jeung tegalan ku Ibrahim geus digaleuh ti Epron keur tanah kuburan.

31

Ibrahim jeung Sarah geureuhana, Ishak jeung Rabeka, kitu deui Lea, nya di dinya dipendemna.

32

Eta tegalan jeung guhana geus dibeuli ti urang Het. Kuburkeun Ama di dinya."

33

Tamat Yakub wewekasna, seug ngagoledag kereles bae pupus.

Link: