Kajadian 7
Ngandika PANGERAN ka Enoh, "Maneh sakulawarga, geura arasup ka kapal. Ku Kami geus kanyahoan, ngan maneh jelema di ieu dunya anu bener kalakuan.
Bawa ka kapal saban rupa golongan sato, anu halal masing-masing tujuh jodo, anu haram sajodo-sajodo bae.
Oge saban rupa golongan manuk masing-masing tujuh jodo. Pek geura pigawe, sangkan eta bangsa sato jeung manuk anu sakitu teh karaksa hirupna, geusan bibit ka hareup.
Tujuh poe deui Kami rek nurunkeun hujan lilana opat puluh poe opat puluh peuting, rek dipake numpes sakur anu kumelip jijieunan Kami."
Eta sagala timbalan PANGERAN teh ku Enoh dijalankeun.
Dina waktu der caah, yuswa Enoh geus genep ratus taun.
Anjeunna, geureuhana, putra-putrana jeung mantu-mantuna, arunggah ka kapal nyingkahan caah.
Sasatoan, manuk, nu haram, nu halal, masing-masing hiji jalu hiji bikang ti saban golongan,
arasup jeung Enoh ka kapal, sakumaha anu ditimbalkeun ku Allah.
Tujuh poe ti harita caah geus mimiti der.
Nincak kana genep ratus taun yuswa Enoh, dina tanggal tujuh belas, bulan kadua, sungapan-sungapan cai anu rongkah di jero taneuh, kabeh mararudal tingburial, lawang-lawang cai di langit kabeh maruka,
breg hujan turun ka bumi, opat puluh poe opat puluh peuting.
Poe eta keneh Enoh, geureuhana, tilu putrana nya eta Sem, Ham, jeung Yapet, jeung bojo-bojona, arunggah ka kapal.
Dibarengan ku sasatoan, sato ingu, sato leuweung, nu gede, nu leutik, manuk, masing-masing ti saban golongan.
Ti saban golongan mahluk anu kumelip, masing-masing hiji jalu hiji bikang, arasup jeung Enoh ka kapal,
sakumaha anu ditimbalkeun ku Allah. Geus kitu panto kapal teh ditutup ku PANGERAN.
Caah lumangsung terus nepi ka opat puluh poe. Cai geus ngaluhuran, geus kuateun ngampulkeun eta kapal nepi ka ngambang.
Cai terus beuki luhur, soloyong eta kapal maju.
Cai geus kacida luhurna, mani geus laput gunung-gunung anu pangluhurna,
tapi masih naek keneh bae, nepi ka tujuh meter luhurna ti puncak-puncak gunung.
Sakur mahluk nu kumelip di bumi, manuk, sato, jelema, kabeh tiwas.
Tiap mahluk bumi nu boga ambekan, paeh.
Tiap mahluk anu kumelip di bumi, manusa, sato, manuk, kabeh ku PANGERAN dibasmi. Anu dikarikeun hirup ngan Enoh jeung anu marilu ka anjeunna ka kapal.
Cai henteu orot-orot nepi ka saratus lima puluh poe lilana.