Lukas 16
Yesus ngalahir ka murid-murid-Na, "Aya hiji jelema beunghar, boga hiji pagawe purah ngurus kakayaanana. Meunang pangaduan yen kakayaanana dipake awuntah ku eta pagawe.
Tuluy pagawena teh dicalukan, dipariksa, ‘Geuning maneh kitu bejana? Kadieukeun kabeh catetan kakayaan kami anu diurus ku maneh sing lengkep, ulah diurus ku maneh deui.’
Eta pagawe ngomong sorangan, ‘Aing tangtu dieureunkeun ku dunungan. Kumaha pipetaeun? Macul moal kuat, baramaen era.
Tah aing boga akal! Arek nyieun pibatureun, sangkan ari aing geus teu boga gawe aya nu daekeun narima di imahna.’
Tuluy manehna nyalukan anu baroga hutang ka dununganana. Carekna ka nu datang pangheulana, ‘Sabaraha hutang ka juragan?’
Jawabna, ‘Minyak jetun saratus tong.’ Ceuk manehna, ‘Tah diuk, tulis dina ieu surat hutang: lima puluh.’
Geus kitu nanya ka nu saurang deui, ‘Sabaraha hutang teh?’ Jawabna, ‘Tarigu sarebu karung.’ Ceuk eta pagawe, ‘Tulis dina ieu surat hutang: dalapan ratus.’
Dununganana jadi muji kana kapinteran akalna eta pagawe anu teu jujur teh; kawantu jelema-jelema anu kapangaruhan ku dunya mah ngatur urusanana teh memang leuwih pinter ti batan jelema-jelema anu hirupna satuhu."
"Ku sabab kitu," saur Yesus deui, "harta banda sipat lahir teh pake nyieun pibatureun, supaya samangsa-mangsa harta geus teu bisa deui nulung, maraneh bisa ditarima di tempat anu sipatna langgeng.
Jelema anu satia dina urusan-urusan leutik, bakal satia dina urusan-urusan gede; jelema anu teu jujur dina urusan-urusan leutik, moal jujur dina urusan-urusan gede.
Jadi, lamun maraneh geus teu jujur ngurus harta banda sipat lahir, kumaha rek bisa dipercaya ngurus harta sajati anu sipatna rohani?
Lamun maraneh teu jujur kana barang batur, barang milik maraneh sorangan oge saha anu rek daekeun nyerenkeun ka maraneh?
Moal aya jelema anu bisa ngawula ka dua dunungan, sabab ka nu saurang bakal geuleuh, ka nu saurang deui bakal nyaah; ka nu saurang bakal satia ka nu saurang deui bakal nyabodokeun. Moal bisa maraneh ngawula ka Allah ongkoh, ngawula kana duit ongkoh."
Barang urang Parisi ngadarenge pilahir Yesus kitu tuluy nyeungseurikeun, kawantu maranehna mah jelema-jelema piduit wungkul.
Yesus ngalahir ka maranehna, "Aranjeun teh katembongna ku batur mah jelema-jelema bener. Tapi Allah mah tingalieun kana eusi hate aranjeun. Anu matak, anu ku jelema dianggap luhur teh di payuneun Allah mah taya hargana.
Hukum Musa jeung tulisan-tulisan kasauran nabi-nabi teh lakuna nepi ka semet jaman Yohanes Jurubaptis. Ti semet harita terus nyebar Injil Kasalametan hal Karajaan Allah, jalma-jalma maraksa harayang asup jadi umat-Na.
Tapi leuwih gampang musna langit jeung bumi, ti batan ngabatalkeun sanajan bagian pangleutikna tina Hukum Allah.
Lalaki anu nyerahkeun pamajikanana tuluy kawin ka awewe sejen, eta lalaki teh jinah; kitu deui lalaki anu ngawin awewe anu geus diserahkeun, eta oge lalaki teh jinah."
"Aya hiji jelema beunghar, papakeanana bangsa anu pangmarahalna, saban poe hirupna royal.
Aya deui hiji jelema, ieu mah miskin, ngaranna Lasarus, awakna pinuh ku borok, sok diuk gigireun panto jelema beunghar tea,
bari ngarep-ngarep aya sesemplekan roti anu murag tina meja makanna, jang ngeusi beuteungna nu lapar. Borokna dilaletakan ku anjing.
Ki miskin teh maot, ku para malaikat tuluy dibawa ka Ibrahim, dipernahkeun gedengeunana, tempat utama. Nu beunghar tea ge maot, dikubur.
Satengahing keur ngararasakeun kanyeri anu pohara di dunyana anu paraeh, manehna tanggah, beh ti kajauhan nenjo Ibrahim, jeung Lasarus anu diuk digedengeunana.
Tuluy manehna gegeroan, ‘Ama Ibrahim! Sing hawatos ka abdi, Lasarus sina ka dieu, sina nyelupkeun ramona saeutik kana cai keur ngabaseuhan letah abdi supados rada tiis. Abdi teu tahan dina ieu seuneu, liwat saking nyerina.’
Waler Ibrahim, ‘Ih anaking, sing inget, hidep mah waktu keur hirup keneh geus meunang anu aralus, ari Lasarus mah anu garoreng. Ayeuna Lasarus kari senangna di dieu, hidep kari sangsarana di dinya.
Jeung deui ti dieu ka dinya teh aya jungkrang jero pisan, mustahil beunang dipeuntasan; nu ti dieu moal bisa ka dinya, nu ti dinya moal bisa ka dieu.’
Walon nu beunghar, ‘Ama, upami kitu mah atuh Lasarus piwarang ka rorompok pun bapa bae,
reh abdi gaduh dulur limaan, sina dipepelingan supados maranehna mah ulah dugi ka tigebrus ka ieu tempat siksaan.’
Waler Ibrahim, ‘Maranehna geus mareunang pepeling tina Kitab Musa jeung Nabi-nabi, keun sina nurutkeun pepeling tina eta kitab-kitab.’
Walonna deui, ‘Ku eta wungkul mah henteu cekap, Ama Ibrahim! Upami didongkapan ku anu hirup deui tinu maot mah tangtos maranehna tarobat.’
Tapi waler Ibrahim, ‘Ari geus teu narurut kana pepeling Musa jeung nabi-nabi mah, masih didatangan ku nu geus paeh oge moal ngagugu.’"