Lukas 17
Yesus ngalahir ka murid-murid-Na, "Hal-hal anu ngalantarankeun jelema-jelema jadi dosa teh tangtu aya bae. Tapi jelemana anu ngalantarankeun batur jadi dosa bakal cilaka kabina-bina.
Leuwih hade beuheungna dibangbaluhan ku batu tuluy alungkeun ka laut, ti batan matak nyasarkeun ka salah saurang ti ieu kaom anu lemah.
Ku sabab kitu maraneh sing ati-ati kana pilampaheun! Lamun aya dulur migawe dosa kudu dielingan, lamun tobat kudu dihampura.
Upama ngadosana ka maraneh tujuh kali dina sapoe, sarta saban tas kitu terus datang nyebutkeun, ‘Kuring menta hampura,’ kudu dihampura."
Rasul-rasul mihatur ka Yesus, "Gusti, kiatkeun kapercayaan abdi-abdi."
Waler Gusti, "Lamun maraneh boga kapercayaan sagede siki sasawi bae, maraneh bisa nitah ieu tangkal bebesaran, ‘Geura nyabut maneh katut akar, tuluy melak maneh di laut!’ tangtu eta parentah diturut."
"Upama maraneh boga badega anu keur ngawuluku di sawah atawa keur ngangon domba. Sanggeus datang ti tegal, naha rek disina buru-buru dahar?
Tangtu moal! Malah diparentah deui, ‘Sadiakeun dahareun kami! Salin heula terus tungguan kami dahar nginum, kakara maneh meunang dahar!’
Badega mah teu kudu dinuhunkeun pedah nurut kana parentah, lain?
Maraneh oge, ari ngalakonan parentah teh kudu ngarumasakeun kieu, ‘Kuring mah badega biasa, digawe teh ngalakonan kawajiban.’"
Yesus angkatna ka Yerusalem teh mapay tapel wates Samaria jeung Galilea.
Barang lebet ka hiji kampung kapapag ku sapuluh jelema lepra. Eta jelema-jelema ngararandeg ti kajauhan, tuluy sasambat,
"Nun Yesus! Juragan! Sing hawatos ka abdi-abdi!"
Yesus ningali ka maranehna, tuluy ngawaler, "Ka ditu ka imam-imam, menta dipariksa awak." Sabot maranehna di jalan keneh leprana geus calageur.
Anu saurang, nyaho geus cageur teh balik deui jeung muji ka Allah tarik pisan,
terus nyuuh ka Yesus jeung ngahaturkeun nuhun. Eta jelema teh urang Samaria.
Saur Yesus, "Mana nu salapan urang deui? Lain sapuluh urang anu calageur teh?
Naha ngan ieu saurang, urang asing, anu ka dieu deui jeung muji ka Allah?"
Geus kitu ngalahir ka eta jelema, "Geura cengkat. Jig geura balik. Maneh geus cageur, lantaran percaya."
Sawatara urang Parisi nanyakeun ka Yesus hal Karajaan Allah iraha baris ngadegna. Waler Yesus, "Ngadegna Karajaan Allah lain hal anu bisa katenjo.
Moal aya anu bisa nuduhkeun, ‘Di dieu!’, atawa, ‘Tuh di ditu!’, sabab ngadegna teh di jero diri masing-masing."
Saur-Na deui ka murid-murid, "Engke maraneh aya waktuna harayang bisa nenjo salah sahiji poe tina poe-poe Putra Manusa, tapi moal bisa.
Engke jelema-jelema bakal ngaromong ka maraneh, ‘Tuh di ditu!’ atawa, ‘Ieu di dieu!’ Kade, ulah digugu, ulah kaluar pikeun neangan.
Sabab kaayaan Putra Manusa teh lamun geus nitih kana poena mah lir sakumaha kilat ngaburinyay ti tungtung langit ka tungtung langit.
Ngan dina samemehna, Anjeunna kudu sangsara heula, tur ditampik ku jelema-jelema jaman kiwari.
Poe dinyatakeunana Putra Manusa teh kaayaanana kawas kaayaan jaman Enoh.
Jelema-jelema harita gawena ngan dahar, nginum, kawin, nepi ka poean Enoh asup kana kapal; caah datang, jelema-jelema kabeh dibasmi.
Jeung kawas kaayaan dina jaman Elut: Jelema-jelema gawena ngan dahar, nginum, jual beuli, pepelakan, jeung nyarieun imah.
Tapi sanggeus Elut kaluar ti Sadumu, tuluy turun hujan seuneu jeung walirang ti langit, ngabasmi urang Sadumu.
Nya kawas kitu engke jadina dina poean dinyatakeunana Putra Manusa teh.
Dina poe eta, jelema anu keur aya di suhunan imah, ulah turun nyokotan heula babandaan ka jero imah; nya kitu keneh anu keur aya di tegal ulah balik heula ka imah.
Sing inget, kumaha jadina pamajikan Elut!
Sing saha anu nyoba nyalametkeun hirupna, hirupna bakal leungit; tapi sing saha anu kaleungitan hirupna bakal dirahayukeun.
Sing percaya, dina peuting eta dua jelema anu keur sare saranjang, nu saurang bakal dicokot, nu saurang ditinggalkeun.
Dua awewe nu keur ngagiling gandum, saurang bakal dicokot, saurang ditinggalkeun.
[Dua jelema nu keur digarawe di kebon, nu saurang bakal dicandak, nu saurang deui ditinggalkeun.]"
Murid-murid nararos ka Anjeunna, "Di mana bakal kajadian kitu teh, Gusti?" Waler Yesus, "Di mana aya bangke, di dinya kumpulna manuk bangke."