:

Pamindo 32

1

"Langit, bumi, bandungan omongan kami, regepkeun masing taliti.

2

Piwuruk kami lir keclak-keclak cihujan, lir ciibun anu tumurun ka bumi. Omongan kami ibarat hujan anu nyiram pepetetan, ngabiribis nyiram jujukutan.

3

Kami seja muji pajenengan PANGERAN, sarta umat-Na nyaturkeun kapunjulan Mantenna.

4

PANGERAN teh panulung maraneh anu digjaya, adil sampurna dina saniskara. Allah maraneh satuhu sarta saestu, lempeng bener sagala damel-Na.

5

Sabalikna maraneh mah serong hate, bangsa doraka jeung loba cacad, teu layak jadi umat-Na.

6

Eh nu garejul, anu teu baroga pikir! Karah kitu pamales maraneh ka PANGERAN teh? Mantenna teh Rama maraneh, anu nyiptakeun maraneh, anu ngadamel maraneh jadi hiji bangsa.

7

Inget-inget nu katukang, jaman baheula, tanyakeun ka bapa maraneh kumaha. Tanya kolot-kolot, perkara lalakon baheula.

8

Nu Maha Agung geus nangtukeun pitempateun bangsa-bangsa, jeung nangtukeun di mana jalma-jalma kuduna ngancik. Sarta tiap bangsa masing-masing dipaparin hiji allah.

9

Ari turunan Yakub mah diunculkeun, dijadikeun umat kagungana-Na ku manten.

10

Maranehna, kapendak ku Mantenna keur ngumbara di tanah gurun tempat nu sepi. Ku Mantenna seug diraksa, estuning didama-dama, mani kawas ka salira ku manten.

11

Lir heulang anu ngajar anakna hiber anakna aman ditempatkeun dina jangjangna nu meber, nya kitu PANGERAN teh ngaraksana ka Israil.

12

PANGERAN ku manten anu nuyun maranehna, teu dibantu ku allah-allah sejenna.

13

Maranehna disina ngageugeuh tanah-tanah pagunungan, dicukup daharna, bangsa hasil ti tegalan, jeung madu leuweung tina sela-sela cadas, kitu deui tangkal jetun, anu jadi dina sela-sela batu.

14

Sapina, embena, jaruuh cisusuna. Ingon-ingonna, domba, embe, sapi, kaasup nu pangalusna, gandumna pangbaleuneurna, anggurna nu pangeunahna.

15

Umat PANGERAN ngajadi mukti, tapi bet jadi bantahan. Sanggeus lalintuh sarareubeuh barang hakan, seug ingkar ti Allahna, anu ngajadikeunana, naringgalkeun Juru Salametna anu digjaya.

16

Nyarembah ka brahala, matak panas PANGERAN. Kadorakaanana nangtang bebendu Mantenna.

17

Ngalurban ka allah-allah nu lain Allah, allah-allah anyar anu ku karuhunna can dipikawawuh, allah-allah anu ku Israil tacan disembah.

18

Allahna, Juru Salametna anu digjaya, anu ngahirupan maranehna, dipopohokeun.

19

Ningali sarupa kitu, PANGERAN jadi bendu. Seug eta pala putra-Na teh, lalaki, awewe, dipiceun.

20

Dawuhana-Na, ‘Ku Kami moal ditulungan deui, hayang nyaho eta umat bantahan jeung teu satia teh kumaha panungtunganana.

21

Ka Kami mapanas ku arca-arca, ku brahala anu carekna mah Allah, ku aallahan anu lain Allah. Matak ku Kami ge rek dipapanas ku hiji bangsa, sina ngentab hatena ka eta bangsa nu gejul.

22

Amarah Kami tangtu ngagedur lir seuneu, saeusi bumi bakal kahuru. Malah bakal parat ka handapeun jagat, ngagehengkeun akar-akar pagunungan.

23

Maranehna rek dicehcer ku balahi, dihujanan ku jamparing.

24

Sina paraeh ku kalanti jeung muriang, sina tumpes ku sasalad nu baranget. Sina digalaksak ku sato galak, sina diparacok ku oray-oray anu maratih.

25

Sina paraeh ku perang, tingjaloprak di lulurung. Nu di arimah sina ngarompod loba kasieun. Bujang, lanjang, tinemu jeung pati, dalah orok, aki-aki, nini-nini, moal aya anu kari.

26

Ku Kami bakal ditumpes sama sakali, sina ulah kasebut-sebut deui.

27

Tapi musuhna ku Kami moal dibikeun agul, sina ulah majar maneh geus ngelehkeun umat Kami, da Kami sorangan anu ngitukeun umat Kami teh.’

28

Israil teh bangsa anu teu boga pikiran, teu boga pisan panalar.

29

Teu kapikireun ku naon nepi ka eleh ku musuh. Teu kapikireun ku naon nu matak nepi ka kitu.

30

Ku naon sarebu eleh ku saurang, salaksa eleh ku duaan? Lantaran geus ditinggalkeun ku PANGERAN Allahna. Maranehna geus diculkeun ku Allahna nu digjaya.

31

Musuhna nyahoeun yen allahna sorangan mah lemah, teu digjaya saperti Allah Israil.

32

Musuhna teh doraka cara Sadumu jeung Gomora, ibarat buah anggur anu pait ngandung racun,

33

ibarat cianggur nu dijieun tina peurah oray.

34

Kalakuan musuhna ku PANGERAN diemutkeun, baris dibales dina waktuna.

35

Ku PANGERAN tangtu dituar disiksa, tangtu eta teh rugrug lamun geus datang mangsana, tur geus deukeut kana waktuna.

36

PANGERAN bakal ngajait umat-Na, sanggeus kauninga taya dayana. Nu aranut ka Mantenna bakal dipikawelas, sanggeus katingali yen sakitu sangsarana.

37

Seug umat-Na bakal dipariksa, ‘Mana allah-allah maraneh nu digjaya teh?

38

Lain sok disuguhan gajih sato kurban? Lain sok dibaktian cianggur? Coba atuh ayeuna sina nulungan, sina ngorejat ngajait maraneh.

39

Saenyana ngan Kami nu jumeneng Allah, taya deui anu sejen. Kami anu kawasa maehkeun, kawasa ngahirupkeun, kawasa ngageringkeun, kawasa nyageurkeun. Moal aya nu bisa nandingan Kami.

40

Kami sumpah nadahkeun panangan: Demi Kami teh Allah anu jumeneng,

41

Kami arek ngasah pedang sina ngagurilap, rek nerapkeun hukum adil. Rek ngabales musuh-musuh, rek nyiksa ka nu arijid ka Kami.

42

Jamparing Kami bakal lamokot ku getih musuh, pedang Kami bakal ngababad sakabeh lawan. Nu ngaralawan rek dibeakkeun, moal ngarikeun nu geus kasabet jeung geus kajarah.’

43

Eh bangsa-bangsa, geura pupunjung umat PANGERAN. Sabab sakur nu bareto ngabasmi maranehna, ku Mantenna baris disiksa. Saha anu ngamusuhan baris dibales. Sabalikna umat-Na tangtu dihampura dosa-dosana."

44

Musa jeung Yosua ngucapkeun eta lagu, kadenge ku sakumna bangsa Israil.

45

Sabada Musa ngawurukkeun papakon-papakon PANGERAN ka urang Israil,

46

anjeunna sasauran kieu, "Peupeujeuh, ieu papakon-papakon anu diwurukkeun ku Bapa teh gumatikeun. Ajarkeun ku maraneh ka anak, supaya maranehna ge nurut jeung satia kana sagala pangandika-Na.

47

Sabab ieu pangajaran teh lain omong kosong, estuna mah hiji-hijina jalan pihirupeun maraneh. Nu matak kudu diturut, sangkan maraneh bisa tetep renggenek matuh di ditu di tanah anu rek dicicingan, di peuntaseun Walungan Yordan."

48

Dina poe eta keneh PANGERAN nimbalan ka Musa,

49

"Maneh kudu ka Pagunungan Abarim di tanah Moab peuntaseun Yeriho. Tuluy unggah ka Gunung Nebo, pek ti dinya ku maneh teuteup tanah Kanaan anu rek dipaparinkeun ka urang Israil teh.

50

Di puncak gunung eta maneh ku Kami rek dipundut nyawa, cara Harun dulur maneh anu ku Kami dipundut nyawana di Gunung Hor,

51

lantaran maraneh duaan geus nembongkeun kateusatiaan ka Kami di hareupeun urang Israil. Basa keur di cinyusu Meriba deukeut kota Kades di tanah gurun Sin, maneh nyapirakeun Kami di hareupeun jalma rea.

52

Tanah anu ku Kami rek dibikeun ka urang Israil teh bakal katembong ku maneh ti kajauhan, tapi maneh moal kungsi asup ka ditu."

Link: