Pamindo 33
Samemeh pupus, Musa abdi Allah teh ngaberkahan heula ka urang Israil.
PANGERAN sumping ti Gunung Sinai, lir panonpoe meletek luhureun Edom, ngebrehan ka umat-Na di Gunung Paran. Dibanding ku malaikat salaksa, dina panangan tengen-Na aya seuneu ngagebur.
PANGERAN estu asiheun ka umat-Na, ngaraksa ka sakur nu jadi kagungana-Na. Bruk urang sujud kana sampeana-Na, tumut kana sakabeh pangandika-Na.
Hukum anu ku Musa diselehkeun ka urang, urang turut, urang jieun puputon bangsa.
PANGERAN jumeneng Raja umat-Na, Israil, basa kaom-kaomna jeung para kapalana kumpul.
Ka kaom Rubin, berkah Musa kieu ungelna: "Mugia Rubin tong datang ka pareum, sanajan jumlahna teu sabaraha."
Ka kaom Yuda kieu berkahna: "Nun PANGERAN, mugi panyambat Yuda dimakbul. Mugi Yuda dihijikeun deui sareng kaom-kaom Israil. Mugi dipangmerangkeun, dibantu ngelehkeun musuh-musuhna."
Ka kaom Lewi kieu berkahna: "Nun PANGERAN, Gusti ngebrehkeun pangersa ku jalan Urim sareng Tumim, nganggo antara urang Lewi, abdi-abdi nu satia. Nalika di Masa ku Gusti parantos diuji. Di cinyusu Meriba bukti kaestuanana.
Ka Gusti kalintang satiana. Langkung ti batan ka kolot-kolotna, ka dulur-dulurna sareng ka anak-anakna. Estu madep kana pangandika Gusti, kukuh nyekel kana perjangjian Gusti.
Maranehna anu bakal ngajar umat Gusti, sina gumati kana Hukum Gusti. Maranehna anu bakal nyanggakeun kurban dina altar Gusti.
Nun PANGERAN, mugi kaom maranehna ditohagakeun. Sagala pagaweanana mugi kamanah. Mugi musuh-musuhna dibasmi, ulah sina menyat deui."
Berkahna ka kaom Binyamin: "Ieu kaom kameumeut PANGERAN. Sapopoena diraksa, diauban. Henteu weleh disarengan."
Berkahna ka kaom Yusup: "Mugia tanahna ku PANGERAN dipaparin hujan. Dipaparin cai ti handapeun bumi.
Saban usum lahanna sing pinuh ku bubuahan. Bubuahan nu aralus, nu arasak dina tangkalna.
Pasir-pasir purbakalana sing meuhpeuy ku bubuahan, bubuahan anu pangaralusna.
Tanahna sing pinuh ku nu mangpa’at. Sing kaseundeuhan ku berkah PANGERAN, anu ngandika ti leuweung cucuk nu hurung tea. Ieu berkah masing tumurun ka kaom Yusup, nu jadi pamingpin ti sakabeh dulur-dulurna.
Yusup boga kakuatan banteng jeung tanduk sapi leuweung, nya eta: Menase anu mangrebu-rebu, jeung Epraim anu manglaksa-laksa. Anu babarengan ngagadil ka bangsa-bangsa, neunggar musuh sina mecleng ka tungtung jagat."
Berkahna ka kaom Sebulun jeung kaom Isaskar: "Sebulun masing untung buniagana di laut. Isaskar masing mukti di pakemahanana.
Maranehna bakal ngajak bangsa lian ngadongdon ka gunungna. Prak di dinya nyanggakeun kurban nu bener layak. Maranehna bakal ngareduk untung ti laut, jeung ngarali harta tina keusik sapanjang basisir."
Berkahna ka kaom Gad: "Puji sukur ka Allah anu ngalegakeun wewengkon Gad. Gad taki-taki kawas singa, rek ngabeset leungeun atawa kulit sirah.
Gad nyokot tanah anu pangalusna, pantes dipimilik ku anu jadi pamingpin. Maranehna narurut kana pikukuh jeung hukum Allah. Direujeungan ku para pamingpin Israil."
Berkahna ka kaom Dan: "Dan saibarat singa ngora, ngagajleng luncat ti Basan."
Berkahna ka kaom Naptali: "Naptali pohara meunangna berkah reujeung kurnia PANGERAN. Tanahna ngembat ka kidul ti semet Talaga Galilea."
Berkahna ka kaom Aser: "Ti antara sakabeh kaom, Aser pangdiberkahanana. Sing dipikaresep ku dulur-dulurna. Tanahna sing loba tangkal jetunna.
Kota-kotana sing weweg ku sarigsig tambaga jeung beusi. Mugia hirupna aman santosa."
Eh Israil, taya allah nu cara Allah maraneh, anu kalawan agungna nitih langit tunggang mega, baris mitulung ka maraneh.
Pitulung Allah ka maraneh sipatna kadim, panangana-Na anu ngadeudeul, sipatna langgeng. Ana maraneh maju, Mantenna anu ngajongklokkeun musuh, seug nimbalan sangkan ku maraneh digempur.
Turunan Yakub hirupna senang santosa, cicing di tempat gandum jeung anggur, bumina dibaseuhan ku ciibun ti langit.
Bagja maraneh, Israil! Taya nu mapakan. Estu bangsa anu rahayu ku PANGERAN. PANGERAN ku manten, minangka kepeng jeung pedang maraneh, nu ngabela jeung maparin kaunggulan. Musuh tangtu tingpoyongkod menta dikarunyaan, ku maraneh tuluy dileyek.