:

Pandita 1

1

Ieu teh sabda Ki Pandita, putra Daud, raja di Yerusalem.

2

Mubadir, mubadir, saur Ki Pandita. Hirup teh sihoreng mubadir, saniskarana mubadir.

3

Da naon atuh paedahna digawe tisusut tidungdung saumur hirup teh?

4

Turunan nu ieu datang, turunan nu itu undur, sabalikna jagat mah tetep-tumetep.

5

Bray panonpoe medal, reup panonpoe surup, keureuyeuh malik ka urutna bijil, karayap maju deui.

6

Angin nyewuk ka kidul, nyewuk ka kaler, putar-puter bulak-balik.

7

Walungan kabeh bahena ka laut, bet laut teu pinuh-pinuh. Caina malik mulang ka sirah walungan, geus kitu ka hilir deui.

8

Saniskara hal ngan matak ka cape-cape, nyaritakeunana oge cape. Panon teu seubeuh-seubeuh mireungeuh, ceuli teu weleh-weleh ngadenge.

9

Nu bareto enggeus aya engkena teh aya deui. Nu bareto geus kasorang engkena kasorang deui. Ana kitu di kolong langit mah taya perkara nu anyar.

10

Jadi lamun aya anu nyebutkeun, "Tah ieu mah anyar," na enya eta teh? Da geuning anu majar anyar teh ti baheula keneh ge, ti memeh urang gumelar geus aya.

11

Kana kajadian baheula-baheula hamo aya anu inget, pon kitu jaman anu masih bakal datang moal kaingetkeun ku anu harirupna sabada jaman eta.

12

Kami, Ahli Pikir, raja nu nyangking Israil di Yerusalem.

13

Kami geus gilig seja nguji jeung nalungtik sagala anu enggeus kajadian di kolong langit. Manusa mah ku Allah geus dikersakeun kudu nyorang hese cape.

14

Kami geus nyukcruk saniskara anu geus dipigawe di alam dunya. Bet geuning kabeh ge mubadir, kawas ngajaring angin.

15

Anu bingkeng taya anu bisa ngalelempeng, anu teu aya euweuh anu bisa milang.

16

Ceuk hate, "Aing teh nya agung nya pinter, leuwih ti nu sejen-sejen anu geus ti hareula jenengna raja di Israil, beunghar ku hikmah pinuh ku pangaweruh."

17

Tuluy gilig seja nalungtik naon bedana kapinteran jeung kabodoan, bedana hikmah jeung kagejulan. Anu kapanggih ku kami: Ieu oge taya bedana ti ngajaring angin.

18

Horeng jelema mah beuki pinter teh beuki loba kasalempang, beuki loba kanyaho beuki loba kahariwang.

Link: