:

Pandita 2

1

Ceuk hate, "Cing rek ngajaran senang-senang, hayang nyaho kumaha genahna ari kasenangan teh." Horeng eta ge mubadir.

2

Hal seuri geus kanyahoan gejulna, pon kitu kabungahan ge keur urang taya hadena.

3

Kami nguji diri, ngajaran nyenangkeun awak ku nginum anggur, tapi tetep bari diaping ku akal budi. Seug bae nyaho caraning anu panghadena lampahkeuneun manusa di alam dunya, enggoning hirupna anu ngan sakolebatan.

4

Kami geus nyieun pagawean anu rohaka, ngadegkeun gedong-gedong, nyieunan kebon anggur mani lalega,

5

melakan pakebonan jeung patamanan ku sawarnaning tangkal bubuahan,

6

jeung nyieun solokan-solokan pikeun nyaianana.

7

Tuluy meulian badega awewe lalaki mangpirang-pirang, malah katambahan deui ku anak-anakna anu dijarurukeunana di imah kami. Ingon-ingon ge sapi jeung domba kacida lobana. Dibandingkeun jeung saha bae oge anu kungsi hirup di Yerusalem, pangaboga kami teh ngungkulan batur.

8

Perak jeung emas di kami mani geus ngunung-ngunung, beunang ngumpulkeun tina kakayaan karajaan anu digeugeuh ku kami. Juru-juru kawih awewe lalaki purah ngabeberah hate teu kurang-kurang, geus puguh ari selir mah mangpirang-pirang.

9

Tetela kami teh mulya, tur leuwih punjul ti saha bae anu kungsi hirup di Yerusalem, da pinter tea.

10

Sagala kahayang kasorang, sagala karesep kaanteur. Hate sugema ku sagala beubeunangan teh, asa jadi ganjaran.

11

Seug sagala hasil pagawean teh dilenyepan, sagala hese capena dirarasakeun deui. Bet kapikir sihoreng taya hartina, euweuh pisan paedahna, kawas ngajaring angin.

12

Turug-turug kapikir yen beubeunangan hiji raja moal leuwih ti beubeunangan raja anu saheulaeunana. Seug bae mikiran kumaha jelema nu pinter, kumaha nu bodo atawa gejul.

13

Ih geuning: "Kapinteran mah leuwih punjul ti batan kagejulan, sakumaha caang leuwih punjul ti batan poek.

14

Nu pinter mah awas kana pilampaheun, sabalikna nu gejul mah poekeun." Tapi kami maphum yen mungguh papasten mah unggal jelema ge sarua.

15

Nu matak ceuk hate, "Anu karandapan ku nu gejul, ku aing ge kaalaman. Ana kitu, naon untungna atuh aing sakieu pinterna teh?" Dijawab ku sorangan keneh, "Mubadir, taya paedahna!"

16

Ka nu pinter moal aya anu terus nginget-nginget, ka nu gejul pon kitu keneh, kabeh ge bakal pada kapopohokeun. Boh nu pinter boh nu bodo, kabeh oge bakal paraeh.

17

Mana kami mah geuleuh kana hirup teh, da atuh anu karandapan teh ngan susah jeung susah bae. Mubadir kabeh, kawas ngajaring angin.

18

Geuleuh kami mah kana sagala hasil pagawean beunang kami tisusut tidungdung teh, da bakal kacangking ku batur anu jadi gaganti kami engke.

19

Turug-turug saha anu nyaho, naha pijelemaeunana teh nu bijaksana atawa nu gejul. Nu geus puguh mah beubeunangan tina hasil kabijaksanaan kami di alam dunya teh bakal beunang ku manehna. Mubadir deui bae.

20

Ngingetkeun ka dinyana mah buntu wae harepan kana sagala hasil usaha beunang soson-soson di alam dunya teh.

21

Da geuning beunang perih itikurih bari ngetrukkeun kapinteran katut pangaweruh jeung pangabisa teh tungtungna mah kop ku batur, anu sama sakali teu milu dina hese capena. Nya mubadir nya salah!

22

Naon mangpa’atna atuh digawe ngadukduk saumur hirup bari pinuh ku kasalempang teh?

23

Beunang digawe saumur hirup teh hasilna mah ngan kajuwet jeung kahanjeluan, nepi ka ti peuting ge pikiran teh teu weleh ngabarungsinang. Estu mubadir!

24

Anu matak jelema mah panghadena teh geus bae nyatu nginum, beubeunangan usaha teh pake senang-senang. Tapi papadaning kitu ge kami eling, yen sanajan rejeki ge asalna mah ti Allah keneh.

25

Cik, saha jelemana anu bisa lubak-libuk ku dahareun atawa bisa senang-senang, lamun henteu direjekian ku Mantenna?

26

Kapan boh hikmah jeung pangaweruh, boh kasenangan, dipaparinkeunana ku Allah teh ka jelema anu dipikaseneng ku Mantenna. Tapi ari nu baroga dosa mah ku Mantenna disina digarawe nareangan rejeki jeung ngumpulkeun hasilna baris diserenkeun ka jalma anu ku Mantenna dipikaseneng. Jadi eta kabeh ge mubadir, kawas ngudag angin.

Link: