Siloka 31
Ieu pitutur ti ibuna Raja Lemuel, waktu ngawurukan ka anjeunna. Saurna,
"Anaking, buah ati ibu beunang ibu neda-neda ka PANGERAN! Rek ngomong naon cik, ibu ka hidep teh?
Ulah miceunan tanaga ngalajur pangajak birahi, ulah ngawur-ngawur artos ka istri. Geus rea raja anu ragrag ku istri teh.
Regepkeun Lemuel, anaking! Raja henteu sae sedep anggur atawa katagihan arak.
Sabab ana raja mabok, lali kana hukum, ngalalaworakeun hak rahayat nu walurat.
Arak mah ngan keur nu sakarat atawa keur nu katalangsara,
sangkan poho kana kamiskinanana, paler kasedihna.
Sing bisa jadi wawakil rahayat anu teu mampuh cumarita sorangan. Tangtayungan hak rahayat nu taya daya.
Pangnepikeun kapentinganana. Sing jadi hakim nu adil, kersa nangtayungan hak rahayat nu balangsak jeung walurat."
Wanita binangkit keur pibojoeun teh langka, bangga meunangkeunana. Bojo kitu pangajina ngungkulan batu permata.
Salakina bisa numplekkeun kapercayaan ka manehna, nu matak salakina babari meunang rejeki.
Ka salaki sumujud saumur hirup, moal nganyenyeri.
Tara daek reureuh, ngagintir kapas atawa bulu domba, nyieun pakean.
Ngadatangkeun rejeki, ibarat kapal sudagar ti tempat jauh.
Subuh-subuh geus kerah-kerih, nyadiakeun dahareun keur sakulawarga, bari metakeun badega-badega awewe kana gawe.
Ana hayang lahan geuwat bae meuli, tuluy dikebonan dipelakan anggur, binihna beunang meuli ku duit ladang beubeunangan digawena.
Digawena rajin, taya kacape nepi ka anggeus.
Kana barang bubuatanana bisa ngahargakeunana, dipigawena nepi ka peuting.
Papakeanana nyieun sorangan, ti nganteh nepi ka ninunna pisan.
Ka nu walurat balabah, ka nu kekere resep mere.
Ku usum tiris teu inggis, kawantu baju haneut keur anak jeung salaki geus sadia.
Tilam kasur ge nyieunan. Barang pakena tina lawon lenen wungu anu lemes.
Salakina jadi kawentar, jadi salah saurang warga kota anu penting.
Sajaba ti keur pakeeun, eukeur jualeun ge nyieunan, boh papakean boh angkin.
Awakna jagjag waringkas. Dirina kaajen, tur teu salempang ku pikahareupeun.
Ngomongna lemah lembut, ucapanana bijaksana.
Salilana resep kana digawe, sagala kaperluan kulawargana ditalingakeun.
Ku anakna dihormat, ku salakina dipuji.
Ceuk salakina, "Istri hade keur pibojoeun teh rea. Tapi Euis mah pangutamana."
Rupa endah teu jadi andelan, kageulisan bisa leungit, tapi ari istri ajrih ka PANGERAN mah jadi pamujian.
Sagala lampah katut pagaweanana wajib dihargaan. Manehna layak dihormat ku sarerea.