Pandita 3
Sagala perkara di dunya aya waktuna. Naon bae anu kajadian di kolong langit boga dawuhna.
Aya waktuna lahir, aya waktuna maot. Aya waktuna melak, aya waktuna ngala.
Aya waktuna mergasa, aya waktuna nyageurkeun. Aya waktuna ngaruag, aya waktuna ngadegkeun.
Aya waktuna susah, aya waktuna bungah. Aya waktuna nguyung, aya waktuna igel-igelan.
Aya waktuna mikacinta, aya waktuna henteu mikacinta. Aya waktuna ngarangkul, aya waktuna henteu ngarangkul.
Aya waktuna papanggihan, aya waktuna kauculan. Aya waktuna nyimpen, aya waktuna miceun.
Aya waktuna ngabedahan, aya waktuna ngaput. Aya waktuna ngajejempe, aya waktuna nyarita.
Aya waktuna mikanyaah, aya waktuna mikangewa. Aya waktuna perang, aya waktuna kerta.
Meunang naon manusa tina sagala pagaweanana teh?
Kami nyaho, urang teh sarerea ge ditibanan kabeubeurat ku Allah.
Sagala hal oge ku Mantenna enggeus diatur waktuna. Urang ku Mantenna dipaparin hate panasaran hayang nyaho kana perkara nu tacan datang. Ngan orokaya urangna jadi teu sugema, da teu dikersakeun timu kana sagala pangersa Mantenna.
Mana ceuk kami, lampahkeuneun urang meungpeung hirup keneh teh taya deui lian ti sing senang-senang, salian ti usaha sakuat-kuat.
Urang dahar nginum bae kabeh, beubeunangan usaha teh pake senang-senang, da kapan eta teh rahmat ti Allah.
Kami nyaho, sagala rupa anu dipidamel ku Allah teh langgeng salilana, ku urang hamo bisa ditambahan atawa dikurangan. Ari Allah mana ngadamel kitu teh supaya urang boga kasieun ku Mantenna.
Sagala rupa anu enggeus kajadian, pon kitu anu bakal kajadian, saenyana geus aya ti tatadina. Jadi sagala anu enggeus kajadian teh ku Allah dipindo deui, dipindo deui.
Aya deui anu kabireungeuh ku kami, yen di kolong langit mah ari aya pangadilan jeung kaadilan teh geus tangtu aya kajahatan.
Ceuk kami sajeroning hate, "Behna mah boh nu jahat boh nu bener, kabeh ku Allah baris diterapan hukum adil, sabab sagala perkara, sagala kalakuan, eta teh geus puguh waktuna."
Kami yakin Allah teh seja ngadoja ka manusa, supaya manusa nyaraho yen dirina teh taya leuwihna ti sato.
Sabab nya manusa nya sato nasibna sarua bae. Manusa bakal paeh, sato bakal paeh, kawantu pada mahluk keneh. Jadi manusa teh teu leuwih punjul ti sato, hirupna sarua mubadirna.
Duanana ngajugjug ka tempat anu sahiji, asal tina lebu, marulangna deui oge kana lebu.
Cik, saha anu bisa mastikeun maneh yen nyawa manusa mah unggah ari nyawa sato mah turun ka jero taneuh?
Jadi pikeun manusa mah anu panghadena teh taya deui lian ti ngararasakeun ni’matna beubeunangan barang gawena. Rek kumaha deui atuh? Da manusa mah taya petana nyaho bakal kumaha ari geus paeh.