Rum 9
Sim kuring rek ngedalkeun caritaan eusi hate anu saenyana. Sim kuring teh kagungan Kristus, moal rek bohong. Getering hate sim kuring anu dituyun ku Roh Suci ngarasa yakin yen anu rek dikedalkeun teh estu enya, nya eta:
Sim kuring teh sedih kabina-bina, hate mani asa digerihan
ku hal jelema-jelema dulur sabangsa. Ari ras ka maranehanana sim kuring nepi ka boga pikir kajeun sim kuring bae anu nandangan wera Allah sarta pegat jeung Kristus teh.
Maranehna teh umat Allah, diangken jaradi putra-putra-Na, dipaparin ningal kamulyaan Mantenna, diajak nyieun jangji, dipaparin Hukum-hukum Agama, dipaparin pituduh hal ngabakti anu bener, geus dipaparin jangji ku Allah,
jaradi turunan karuhun urang Ibrani anu kamashur, sarta Kristus oge kapan nurutkeun kamanusaanana mah sabangsa jeung maranehna. Mugia kapuji salalanggengna Allah anu ngatur sakabeh perkara! Amin.
Sim kuring lain rek nyebutkeun yen jangji Allah gajlig; da henteu kabeh urang Israil jaradi umat Allah.
Jeung henteu kabeh turunan Ibrahim jaradi putra-putra Allah. Kapan kieu lahiran Allah ka Ibrahim teh, "Anu ku Kami disebut turunan maneh teh ngan anu turun ti Ishak."
Ieu hartina, turunan Ibrahim anu bakal dijadikeun putra-putra Allah mah ngan anu lahir ku karana jangji Allah wungkul, henteu kabeh.
Sabab jangji Allah teh kieu ungelna, "Lamun geus jejeg waktuna, Kami tangtu datang deui, sarta Sarah bakal boga anak, lalaki."
Tapi tacan anggeus semet eta. Putra Rabeka aya dua, sarama, nya eta Ishak karuhun urang.
Memeh eta barudak lahir, Allah geus nangtoskeun anu mana anu bakal dipilih ku Mantenna. Jadi milihna henteu gumantung kana kalakuanana, tapi gumantung ka saha kersa-Na nyaur. Sabab samemeh eta barudak lahir, memeh barisa migawe hade atawa goreng,
Allah geus ngalahir kieu ka Rabeka, "Lanceukna bakal ngawula ka adina."
Dina Kitab Suci kaungel Allah ngalahir kieu, "Kami asih ka Yakub, ka Esau mah cua."
Ana kitu, naha ceuk urang Allah teh teu adil? Lain teu adil.
Sabab Allah ngalahir kieu ka Musa, "Kami bakal mikawelas ka sakur anu kamanah ku Kami; Kami rek ngurniaan ka saha Kami kersa."
Jadi kabeh oge wungkul gumantung kana sih kurnia Allah, henteu gumantung kana kahayang jeung kalakuan jelema.
Sabab, "Allah ngalahir ka raja Mesir", — kaungel dina Kitab Suci, "Maneh ku Kami dijieun raja, supaya maneh ngawanohkeun kakawasaan Kami, jeung ngamashurkeun jenengan Kami ka saalam dunya."
Tah kitu, Allah teh mikawelas ka saha bae kersa-Na, ngadamel jelema jadi bedegong oge kumaha kersa-Na.
Meureun ceuk aranjeun teh, "Ari kitu mah naha Allah nyalahkeun manusa? Saha jelemana anu kuat mapalangan pangersa Allah?"
Dulur-dulur, saha aranjeun teh make wani nambalang ka Allah? Pot kembang moal nanyakeun ka nu nyieunna, "Ku naon kuring dijieun siga kieu?"
Kumaha-kumaha oge jelema anu nyieun eta pot wenang ngagawekeun taneuh porang sakahayangna, wenang tina taneuh porang anu sagumpel nyieun dua pot, nu hiji alus, nu hiji deui basajan pisan.
Anu dipidamel ku Allah oge kitu. Mantenna kagungan pangersa nembongkeun bebendu jeung kakawasaana-Na. Tapi Mantenna kersa nyabaran, kacida sabar-Na ka anu geus tangtu bakal cilaka lamun ku Mantenna dibenduan teh.
Pangersa-Na teh rek ngebrehkeun kamulyaana-Na anu tanpa watesna, bakal dikucurkeun ka urang anu ku Mantenna dipikawelas, anu ku Mantenna geus ditangtukeun bakal dipaparin kabagjaan.
Urang, anu ku Mantenna geus disalaur teh lain ngan anu ti urang Yahudi bae, tapi oge ti bangsa-bangsa sejenna.
Kieu pilahir-Na anu kaungel dina Kitab Nabi Hosea, "Jelema-jelema nu lain kagungan Kami, baris diaku ‘Umat Kami’, Bangsa anu ku Kami teu dipikanyaah, baris diaku ‘Kanyaah Kami’,
Jeung di mana-mana, di tempat maranehanana disebut, ‘Maraneh lain umat Kami’, bakal disarebut putra-putra Allah anu jumeneng."
Ngeunaan urang Israil, aya lahiran Nabi Yesaya kieu, "Sanajan urang Israil lobana kawas keusik di basisir, anu bakal salamet mah ngan saeutik,
sabab Pangeran bakal gancang-gancang ngayakeun balitungan jeung saeusi dunya."
Kieu deui lahiran Nabi Yesaya, "Lamun bae teu aya pisan turunan urang anu dikarikeun ku Allah Nu Maha Kawasa, tan wande urang teh bakal jadi kawas nagri Sadumu jeung Gomora."
Ku sabab eta kacindekan urang teh kieu, bangsa-bangsa nu lain Yahudi, anu henteu ngihtiarkeun maneh supaya diangken ku Allah, ku Allah geus diangken, sabab percaya ka Mantenna.
Sabalikna anu kasebutna umat Allah, sangkan diangken ku Allah teh ihtiar sorangan ku jalan netepan hukum tea; maranehna henteu hasil.
Ku naon pangna teu hasil? Sabab ihtiarna lain ku jalan percaya, tapi ngandelkeun ihtiar sorangan, geus bae lalabuh, titajong kana "Batu Tatajongan".
Eta batu dina Kitab Suci kieu kaungelna, "Tengetkeun! Kami neundeun hiji batu di Sion; jelema-jelema bakal titarajong kana eta, batu gede, maranehna bakal lalabuh. Tapi sing saha anu percaya ka Anjeunna, moal kaduhung."